Ngiringan ulubiyung, saleureusna di Islam seuring pisan dibahas ku para alim ulama yen manusia teh bakal dihirupkeun deui saatos mulih ti alam dunya, malihan dina rukun Iman anu ka 5 kan diwajibkeun urang percaya kana poe akhir, dimana sadayana mahluk anu hirup di alam dunya bakal disuhunkeun pertangungjawabannana ku Alloh Swt. Janteun dina Islam mah teu diseubat reinkarnasi, langkung pas na mah urang teh hirup deui kanggo mempertangungjawabkeun perbuatan urang di dunya. Aya pribahasa meulak Cabe hasilna Cabe, meulak bonteng hasilna bonteng.
Teugeusnamah umat Islam upami turut kana Al-Qur'an sareung Sunnah Rosul tantos bakal janteun jalmi anu manfaat di dunya sareun di akheratna. Tinggal urang sadayana intropeksi kadiri urang masing-masing, saur alim ulama upami urang hoyong ngukur kahadean sareung kagorengan urang, keudah seuring-suering tumaros ka tatanggi, ka rerencangan, atanapi kasaha wae anu cakeut sareung urang.
Hatur nuhun, mudah-mudahan ibadah shaum sareng ibadah anu sanesna ditampi ku Alloh Swt sareung kenging Ridhlo - Na.
Wassalam,
-abd-
Budhi Setiawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Bieu, basa keur nyimpen sepeda di parkiran bank, kuring panggih jeung kapala sakola Aiko, nu karek kaluar ti bank tur rek ka sakola make sapeda. Ras inget poe sejen, harita rada girimis, panggih oge, ngan harita mah anjeunna kana mobil. Jadi keur anjeunna, boga mobil leuwih keur fungsina lain keur. gaya Pirajeuneun nempo di sakola Aiko, kabeh guruna nu jauh, marake mobil, sedengkeun nu deukeut kana sapedah, meureun pedah nempo conto nu jadi kapala sakola, sakirana deukeut tur bisa kana sapedah mah, teu kudu make mobil. Jadi, conto pamingpin ku kalakuan leuwih hade tinimbang ku ucapan. Sakola Aiko teh sakola swasta, ngan dina urusan babayar mah sarua jeung sakola negeri. Mun ras inget ka lembur, nu boga sakola katempo beungharna, sedengkeun mun ningali guru-guruna asa beda. Meureun dina urusan panghasilan teu beda jauh, antara nu boga jeung nu digawe, ieu meureun oge nu nyababkeun sumanget gawe jadi hade the. Jadi, nu boga ku cacara babarengan sarerea bakal maju. Asana, kuring teu pati apal kana hadist, Rassullah oge ku cara dakwah ku paripolah hasilna leuwih nyugemakeun.urang Jepang nu lain Islam bisa kitu ? Hiji konci nu dicepeng ku maranehna teh nyaeta REINKARNASI. Urang Jepang percaya pisan, mun salila hirupna hade basa hade budi tur mere mangpaat keur balarea, engke sanggeus maot manehna bakal hirup deui jadi jalma sejen nu leuwih luhur sacara martabat tur leuwih beunghar sacara materialis, kitu oge mun sabalikna. Konsep ieu, sarua jeung surga jeung naraka dina ajaran Islam, nu teu kudu dijelaskeun da tos pada apal. Naha Ras inget ka lembur, di Cigugur Ciamis kidul, keur budak aya leuweung kolot, taya nu wani asup ka dinya da cenah larangan mun asup ka dinya bakal kitu kieu. Harita cai walungan mun halodo ogetara saat, meureun ieu nu disebut kearifan lokal tea. Ayeuna eta leuweung geus heureut, da cenah ngan sakadar tahayul ceuk agama mah, atuh ayeuna cai walungan oge ngoretrak saat mangsa halodo. Ah .. geuning urang teh bet salah dina ngalarapkeun agama keur kahirupan sapopoe, boa-boa loba kacida kasalahan dina ngalarapkeun ajaran agama nu nyababkeun kahirupan urang hese menyat BudhiKurono kopo 241
Yahoo! Messenger with Voice. Make PC-to-Phone Calls to the US (and 30+ countries) for 2¢/min or less. __._,_.___
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Culture change | Corporate culture | Cell culture |
| Organization culture | Tissue culture |
Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe
__,_._,___

