Kabeh dulur,

Sampurasun.

Sateuacana, sim kuring bade sasadu, lantaran tos lawas, tara nyarios tur
tulas tulis ngganggo Basa Sunda.  Janten, mugia wening galih upami anu
kacutatkeun di handap ieu, tina kamerenahan bahasa, kirang luyu.

Punten, mugia urang sadaya ngajembarkeun hate tur merenahkeun pikiran,
yen saestuna ajaran agama teh (sautamana mah Islam), anu utamina pisan
teh kanggo diamalkeun.  Sok sanajan, pikeun dihontalna sagala kajayaan
didunya atanapi di akherat, kudu ngarti kana ilmuna, tapi tetep ilmu teu
aya gunana upami teu diamalkeun.  Kitab atanapi buku atanapi file
komputer, sakumaha kandel atanapi gigaan byte, moal bakal mangpaat upami
ngan ukur digoletakkeun di juru imah atanapi diapal dina uteuk.  Naha
kanggo naon elmu sholat upami jalmina tara sholat.  Da kawajiban tur
mangpaat sholat mah moal lunas alatan urang geus ngarang kitab sholat
anu pang kumplitna, bari jeung can pernah sholat!

Sapamendak abdi, ulubiung tur nalungtik kana isme-isme nyeleneh kiwari
(pluralisme, islam liberal, islam transformatif, islam inklusif, islam
alternatif, islam modern, islam neo-modern, gender, feminisme islam
jrrd), ngan ukur aya dina kecap, buku atanapi implengan.  Maranehna nu
ngangagas, nu merjoangkeun, nu ngabelaan, nu gaduh web-sitena; teu aya
nu leres-leres nyepeng tur ngamalkeun naon anu di kecapkeunana.  Buktos
anu tos dijejer beaskeun dina ieu milist, nya Kang Jalal nyalira.
Anjeuna tetep teu rido upami mojang kemuemeutna nikah sareng jajaka
kafir.  Tah kitu deui sareng Nurkholis Madjid, Ulil saparakanca oge,
alim pisan upami murangkalihna murtad atanapi dahar babi.  Padahal
aranjeuna teh gaduh kayakinan yen sakabeh agama tiasa ngajurungkeun
umatna ka surgana Allah.  Tah kalakuan nu kieu teh anu disebat ku QS Ash
Shaf ayat 2 - 3.

Yeuh, dulur saparakanca.....
Keur naon urang hog hag, adu tonggong, pagede-gede urat beuheung,
megatkeun silaturahim, ngotoran hate, ngenaan pluralisme bari jeung teu
diamalkeun.  Beu, naha jadi marebutkeun paisan kosong tur tutung.  Har,
ari hirup teh keur naoh atuh.  Bet waktos anu sakitu mahalna, kalah ka
dimurah mareh ngaributkeun anu teu aya mangpaatna kanggo uang sampeureun
jaga....

Geus ayeuna mah, urang buleudkeun hate, bismillah ngamimitian amal
sholeh, urang sami'na wa ato'na kana aturan Allah anu tos eces, jentre
conto amalna. Islam teh ngan ukur hiji, nyaeta ISLAM.  Teu kudu make
embel-embel isme-isme-an.  Pokona mah Islam.  Beresihan hate, lobakeun
amal ka sasama, tedunkeun kawajiban fardhu/mahdoh.  Terus sabisa-bisa
maneh ninggalkeun maksiat. Cik impleng ku sadulur kabeh, sanes kawajiban
anu tumiba teh, langkung seueur dibandingkeun waktos anu aya!  Cobian
etang geura.

Aya jelema nu teu eling, ngimplengkeun yen di surga teh aya Mahatma
Gandhi, Bunda Theresia, Paus Johanees II, Abu Bakar, Umar, Dalai Lama,
Simon Peres jrrd (dicutat bebas tina buku nu judulna Lobang Hitam
Agama).  Beu ieu teh narima info timana.  Iraha manehna ka surga teh.
Padahal, Gusti Nu Maha Suci, anu gaduh surga, teu acan pernah
ngawartosan kitu!  Har, jalma nu keiu mah ngalindur.  Naha pantes urang
anu beunta, ngaluyuan, nga-amin-keun, ka jelema keur ngalindur.

Mugia dilenyepan, saleresna urang teh ka dunya, kanggo naon?
Kanggo amal sholeh tur babaktos ka Gusti Allah sapertos anu tos
dicontokeun ku Kangjeng Nabi Muhammad Saw. Peun.

Hatur nuhun ah.  Punten panjang teuing.

Syaripudin Niskala.
 


Kirim email ke