sakola gratis, rumah sakit gratis...eta teh ciri nagara kesejahteraan (welfare state) nu sabenerna mah geus ditulis ku kolot nu ngadegkeun ieu nagara dina UUD 45 oge Pancasila. ekonomi endonesya teh kuduna mah sosialis, sababaya dina UUD 45na. Perekonomian disusnn berdasarkan kekeluargaan. cek cenah, kekeluargaan teh pikiran Bung Hatta pikeun narjamahkeun sosialismeu. praktekna mah parteyismeu. golkarismeu.
malah cenah aya nu nyarita yen nagara kasajahteraan eta kitu teh sabenerna konsekwensi nagara demokrasi. jero2 na mah, luyu jeung konsep nagara Islam, atawa cita2 jelema jadi kalifah di dunya. islam teh lain ukur soal sakadang jilbab nu teu anggeus2 dipadungdeungkeun, soal sunni-syiah nu nepi ka baloboran getih (tina basa nasional, berdarah-darah) tapi utamana soal ngupayakeun sangkan kesajahteraan bin kamakmuran pikeun balarea, lain ukur pikeun pajabat nu kawasa. euweuh nu kalaparan, euweuh jelema nu beungharna nepi ka tahap kurang ajar. Amin.... mj http://geocities.com/mangjamal

