Bener sagala gratis teh ngeunah pikeun pangeusi nagara tinuleutik nepi kanu gede, da sejahterateh ulah pikeun anu ngeunah wungkul, leuwih jentre konsep eta teh aya dina konsep nagara ISLAM anu sakumaha ku MJ di pedar di handap ieu, da ngeunah atuh komo lamun leuwih jauh inget ka ditu ka aheratmah, naon atuh di dunya makmak-mekmek sagala dihakan mentingkeun diri sorangan, inget ka si UA SAS ngeunaan KORUPSI tea anu dipikasebel ku sadunya. Konsep Nagara Islam saupamana di pake meureunan moal nagri urangteh moal reang kawas kieu, kamakmuran ngan saukur dirasakeun ku kaum moderat jeung anu rea modal. Asa ka ingetan konsep Nagri Islam teh kungsi aya nu ngabahas tapi kuring poho deui, da eta anu di guarteh ngeunaan konsep Nagri Islam Indonesia NII anu moal bireuk teu jauh ti DI/NII tah teuing kuirng kurang apal kudu maca deui.
saheula anan Darma ----- Original Message ---- From: mj <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Tuesday, November 28, 2006 11:43:57 AM Subject: Re: [Urang Sunda] Bandung Hebat Euy: Sakola Gratis! sakola gratis, rumah sakit gratis...eta teh ciri nagara kesejahteraan (welfare state) nu sabenerna mah geus ditulis ku kolot nu ngadegkeun ieu nagara dina UUD 45 oge Pancasila. ekonomi endonesya teh kuduna mah sosialis, sababaya dina UUD 45na. Perekonomian disusnn berdasarkan kekeluargaan. cek cenah, kekeluargaan teh pikiran Bung Hatta pikeun narjamahkeun sosialismeu. praktekna mah parteyismeu. golkarismeu. malah cenah aya nu nyarita yen nagara kasajahteraan eta kitu teh sabenerna konsekwensi nagara demokrasi. jero2 na mah, luyu jeung konsep nagara Islam, atawa cita2 jelema jadi kalifah di dunya. islam teh lain ukur soal sakadang jilbab nu teu anggeus2 dipadungdeungkeun, soal sunni-syiah nu nepi ka baloboran getih (tina basa nasional, berdarah-darah) tapi utamana soal ngupayakeun sangkan kesajahteraan bin kamakmuran pikeun balarea, lain ukur pikeun pajabat nu kawasa. euweuh nu kalaparan, euweuh jelema nu beungharna nepi ka tahap kurang ajar. Amin.... mj http://geocities. com/mangjamal ____________________________________________________________________________________ Cheap talk? Check out Yahoo! Messenger's low PC-to-Phone call rates. http://voice.yahoo.com

