Upami urang pareng amengan ka daerah basisir, anu aya tegalan atanapi pasir
(bukit), tangtos daerah-daerah anu teu acan diwangun vila-vila atanapi
hotel-hotel, tegalan atanapi pasir anu adek sareng basisir, tutuwuhanana ;
babakoan, jajangkang sareng pandan (namung sanes pandan anu sok dianggo ngolek)
pandan ieu anu sisi daunna cucukan, sok dianggo/dianyam janten samak sareng
dudukuy), humbutna sok dipasak.
Babakoan mah uninga pangintennya, tah upami jajangkang sabangsa jujukutan
dauna heuras ngareuy, areuyna saageung cinggir kembangan, kembangna sapertos
bulu babi (nami sato laut), namung arageung, warna hejo.
Tah dipengkereun tegalan atanapi pasir anu dituwuhan ku tutuwuhan anu kasebat
diluhur,
biasana tangkal lampeni ayana, sok paselang sareng tangkal harendong.
Tangkal lampeni hirupna sok ngarunggunuk/ngarungkun, tangkalna tara jangkung
kirang langkung 1,5 meteran, daunna heuras namung lesang, ageungna daunna
kirang langkung satampah leungeun budak, pucukna sok dianggo lalab dicoel
sareng sambel oncom, rasana semu-semu kesed, kembangna mirip gambar bentang
warnana semu ungu, buahna ngaranggeuy anu atah warna hejo, sok dianggo pelor
bebedilan tina awi ku barudak dilembur, upami nu asakmah warna hideung,
biasana sok janten pakanan manuk cangkurileung, namung sok rajeun oge
diaralaan/diemam kubarudak angon atanapi barudak anu ngarala suluh (kalebet sim
abdi..heuheuheu..), rasana amis semu kesed, namung upami tos neda buah lampeni
waos sareng letah sok harideung.
Upami harendong, sami hirupna sok ngarungkun sapertos tangkal lampeni, mung
daunna
mirip daun seureuh namung alit, buluan, keusrak upami dicabak, buahna sami
ngaranggeuy kuncup upami masih atah, malekar upami tos asak warnana hideung,
ieu oge sami sok dihakanan ku manuk cangkurileung parebut sareng barudak angon.
Namung tangkal harendong ieu masih tiasa hirup dipasir atanapi tegalan anu
tebih tibasisir henteu sapertos tangkal lampeni, tangkal lampeni mah hirupna
didaerah anu caket ka basisir.
Pihatur,
ssw
mamangantra2000 [EMAIL PROTECTED]
Upami ngangge sereh mah sapertos tomyam tea panginten, Apih, eta
angeun kuyukut teh?
Leuh, mani mundeul yeuh wawanohan teh. Janten gaduh gambaran
ngeunaan namnam oge kuyutuk. Nanging aya keneh nu teu acan terang,
Apih: lampeni. Na nu kumaha lampeni teh? Nguping soteh aya tempat
namina Cilampeni. Pedah, di dinya, seueur lampeni panginten, nya?
(Sakapeung pabaliut sareng kumpeni. Hehehe...). Tah, nu kumaha
lampeni teh, Apih?
Ulah bosen ngahapunten. Tetelepek teh, lian ti keur soranganeun,
bane bae pedaran Apih teh tangtos iasa ngagambarkeun alam sareng
kahirupan Pasundan harita. Bari sanes ceuk cenah.
Baktos,
Pun Maman
Recent Activity
13
New Members
1
New Files
Visit Your Group
SPONSORED LINKS
Culture change
Corporate culture
Cell culture
Organization culture
Tissue culture
New web site?
Drive traffic now.
Get your business
on Yahoo! search.
Yahoo! Mail
You're invited!
Try the all-new
Yahoo! Mail Beta
Y! Messenger
Quick file sharing
Send up to 1GB of
files in an IM.
.
http://cikundul3.multiply.com
Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda