--- In [email protected], Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> sanes pandan anu sok dianggo ngolek) pandan ieu anu sisi daunna 
cucukan, sok dianggo/dianyam janten samak sareng dudukuy), humbutna 
sok dipasak.

Tuh, Pih: Ngajentrekeun hiji hal, aya hal sanesna nu abdi teu terang 
deui bae. Tapi, samentawis, perkawis kocap eta mah urang simpen 
heula bae. 

Abdi hoyong gaduh gambaran nu langkung jentre ngeunaan sakola, 
tajug, oge bumi nu dilinggihan ku Apih. Eta bumi teh kumaha 
kaayaannana. Boh wangunananan, oge sakurilingna. Kumaha kaayaan bumi 
tuang eyang teh? Abdi hoyong terang gambarananana. Kalebet, parabot 
naon bae nu aya harita? Naha Apih kulem nyalira? Maksadna kagungan 
kamar ku anjeun atanapi kumaha?

Perkawis lingkungan, leres dina posting Apih sateuacanna tos aya 
sapalih. Nanging, abdi hoyong terang kumaha kaayaan rurukan di palih 
dinya harita. Kinten-kinten sabaraha kuren nu caralik di eta rurukan 
teh? Tajugna palih mana? Sareng kumaha kaayaan fisik/materina? 
Kinten-kinten sabaraha meter ti bumi Apih? Palih mana? Tengen 
atanapi kiwa? (Nanging punten deui, sanaos abdi terang kocap tengen 
sareng kiwa eta, abdi saleresna teu terang: Mana nu "kiri", mana 
nu "kanan". Pon kitu deui katuhu atanapi kenca).

Oge, Apih di Sindangbarang teh ti taun sabaraha dugi ka taun 
sabaraha?

Baktos,
Pun Maman

   


Kirim email ke