Mun ngaguar kana sajarah Menak Sunda baheula...ampir
sadayana etmah langkung ti hiji garwana...cenah mah
tuntutan sosial dina raraga kamenakan.....????


--- oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Asana nyandung teh dicontoan ku presiden anu urang
> Jawa, BK tea hehehe.
> Atawa BK teh teu kungsi nyandung ngan ukur
> gunta-ganti jikan? Anu jelas,
> kahayang kuring mah kasimpulanana teh dirobah jadi
> kieu : lalaki urang Sunda
> kararasep atawa garentle hehehe. Geura loba anu
> ngarojong kacindekan siga
> kitu mah.
> 
> manAR
> 
> On 12/18/06, waluya56 <[EMAIL PROTECTED]>
> wrote:
> >
> >   Poe jumaah kamari kuring papanggih jeung
> babaturan sakola, awewe.
> > Geus lila teu papanggih, sanajan kantorna di
> Bandung, tapi nanehna
> > ayeuna keur kuliah deui nyokot S3 di Jakarta.
> Biasa si eta mah
> > carahal-cirihil, ngobrol kaditu-kadieu, lila-lila
> obrolan teh
> > nyaritakeun soal nyandungna Aa Gym. Cakakak
> manehna teh seuri ....ah
> > da biasana cenah urang Sunda mah karesepna
> nyandung teu kaop maju
> > saeutik. Ceuk kuring teh ulah kitu, kawas lain
> urang Sunda wae,
> > maneh teh.
> >
> > "Heueuh da loba contona", pokna teh. "Dulur sayah
> ge hiji oge euweuh
> > nu boga salaki ka urang Sunda. Ngan sayah we nu
> boga salaki ka urang
> > Sunda deui teh"
> > "Tah pan salaki teu nyandung lain?", ceuk kuring
> teh
> > "Heueuh, kabeneran we bageur, teuing lamun
> beunghar mah", cenah bari
> > nyakakak.
> >
> > Naha bener urang sunda beuki nyandung? meureun.
> Ngan katingali
> > stereotyping lalaki Sunda beuki nyandung, cukup
> kuat. Teu kurang MAW
> > Brouwer baheula nulis di Kompas di taun 1970'an,
> waktu manehna
> > ngasuh "Kontak Psikologi", Lamun hayang boga
> salaki anu nurut,
> > bageur, kawin jeung Urang Jawa. Tapi upama hayang
> nu "hot", kawin
> > jeung lalaki Sunda, ngan kudu kuat engkena sok
> dipangnyandungkeun.
> >
> > Pamajikan kuring geus 8 taun ngurus gedong di
> kantorna ( di Bandung)
> > nu sok dipake resepsi kawinan. Nu matak kaget,
> salila 8 taun
> > nguruskeun gedong, ampir 80% nu kawin, awewena
> urang Sunda, lalakina
> > lain urang Sunda!. Kadang kuring sok nanya ka
> pamajikan, kunaon eta
> > teh, awewe Sunda loba2 teuing kawin jeung etnik
> sejen. Jawab
> > pamajikan teh sangeunahna, " Da urang Sunda mah
> beuki nyandung!",
> > kawas salakina lain urang Sunda wae.
> >
> > Enya kitu, lalaki Sunda boga bakat jadi polygamer?
> >
> > Baktos,
> > WALUYA
> >
> >  
> >
> 


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

Kirim email ke