Kapan ceuk doel-sumbang oge lalaki sunda mah: Carunihin, araroces, tapi
kararasep..


iwan,
teu cunihin, teu oces, tapi kasep.


----- Original Message -----
From: oman abdurahman
To: [email protected]
Sent: Monday, December 18, 2006 11:53 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] Lalaki Sunda tukang nyandung?


Asana nyandung teh dicontoan ku presiden anu urang Jawa, BK tea hehehe.
Atawa BK teh teu kungsi nyandung ngan ukur gunta-ganti jikan? Anu jelas,
kahayang kuring mah kasimpulanana teh dirobah jadi kieu : lalaki urang Sunda
kararasep atawa garentle hehehe. Geura loba anu ngarojong kacindekan siga
kitu mah.

manAR


On 12/18/06, waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Poe jumaah kamari kuring papanggih jeung babaturan sakola, awewe.
Geus lila teu papanggih, sanajan kantorna di Bandung, tapi nanehna
ayeuna keur kuliah deui nyokot S3 di Jakarta. Biasa si eta mah
carahal-cirihil, ngobrol kaditu-kadieu, lila-lila obrolan teh
nyaritakeun soal nyandungna Aa Gym. Cakakak manehna teh seuri ....ah
da biasana cenah urang Sunda mah karesepna nyandung teu kaop maju
saeutik. Ceuk kuring teh ulah kitu, kawas lain urang Sunda wae,
maneh teh.

"Heueuh da loba contona", pokna teh. "Dulur sayah ge hiji oge euweuh
nu boga salaki ka urang Sunda. Ngan sayah we nu boga salaki ka urang
Sunda deui teh"
"Tah pan salaki teu nyandung lain?", ceuk kuring teh
"Heueuh, kabeneran we bageur, teuing lamun beunghar mah", cenah bari
nyakakak.

Naha bener urang sunda beuki nyandung? meureun. Ngan katingali
stereotyping lalaki Sunda beuki nyandung, cukup kuat. Teu kurang MAW
Brouwer baheula nulis di Kompas di taun 1970'an, waktu manehna
ngasuh "Kontak Psikologi", Lamun hayang boga salaki anu nurut,
bageur, kawin jeung Urang Jawa. Tapi upama hayang nu "hot", kawin
jeung lalaki Sunda, ngan kudu kuat engkena sok dipangnyandungkeun.

Pamajikan kuring geus 8 taun ngurus gedong di kantorna ( di Bandung)
nu sok dipake resepsi kawinan. Nu matak kaget, salila 8 taun
nguruskeun gedong, ampir 80% nu kawin, awewena urang Sunda, lalakina
lain urang Sunda!. Kadang kuring sok nanya ka pamajikan, kunaon eta
teh, awewe Sunda loba2 teuing kawin jeung etnik sejen. Jawab
pamajikan teh sangeunahna, " Da urang Sunda mah beuki nyandung!",
kawas salakina lain urang Sunda wae.

Enya kitu, lalaki Sunda boga bakat jadi polygamer?

Baktos,
WALUYA





Kirim email ke