Saleresna, budaya nyandung sanes kabiasaan urang Sunda wae, mangga toongan 
  dina sajarah-sajarah bangsa deungeun.
  Tinggali bae kaisar-kaisar China, naha bangsa China asli, bangsa Manchu, 
bangsa Mongol, 
  ti ngawitan kaisar dugika para pangagungna (menak-menakna) isterina seueur 
anu langkung ti hiji, sok sanaos istilahna benten benten, aya selir, garwa 
padmi, pramesuri,
  garwa anu, putri anu, sareng sajabina.
  Hal sapertos kitu teu kalangkung raja-raja di Korea, dugika danget ieu masih 
keneh seueur 
  jalmi beunghar bangsa Korea gaduh isteri simpenan, margi undang-undang 
nagarana teu 
  ngijinan lalaki Korea polygami.
  Saur cenah dibenua Afrika oge seueur kapala-kapala suku anu gaduh istri dugi 
ka puluhan malih ngaratus.
  Teu kakantun bangsa di Eropah, saha anu teu terang Napoleon, apan isteri 
resmina oge
  aya dua Maria Antoainette sareng Maria Pompadure (leres kitu nyeratna..?).
  Janten asana teu kedah ngekesek bangsa/etnis urang sorangan, dina perkawis 
nyandung-pernyandungan mah, margi etnis-etnis/bangsa-bangsa deungeun oge teu 
aya iwalna.
  Saha nu terang isuk atanapi pageto urang kapaksa kedah nyandung, sok sanaos 
alesanana anu benten-benten, bilih kasebat "tamiang meulit ka bitis".
   
  Pihatur
  ssw
   
  

 


http://cikundul3.multiply.com
  Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
  Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda

Kirim email ke