Dina paningal sim kuring mah, "lalaki Sunda tukang nyandung" teh langkung
mangrupi hiji stereotype manan hiji fakta nu akurat. Paling heunteu, naha leres
lalaki Sunda seueur nu ngawayuhna manan nu heunteu?
Margi, upami urang nitenan seler sanes: "Tradisi" ieu oge lumangsung di
aranjeunna. Boh di menak-menakna, boh di cacahna.
Kunaon, urang Sunda nu "katempuhan"? Taya lian ti informasi nu heureut
ngeunaan seler sanes. Maksad sim kuring: Alatan Tatar Sunda janten panonoban
seler-seler sanesna, nya naon nu nyampak di urang nu janten kacapangan teh. Nu
aya di seler sanes mah, kumargi urang teu gaduh informasi ngeunaan eta, nya teu
janten kacapangan.
Baktos,
Pun Maman
brad porenges <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Sababaraha bulan kaliwat...di kaluarga urang sebrang oge nyaritakeun hiji
suku bangsa anu kaom lalakina resep nyandung. Cenah hiji suku di Kalimantan,
lamun usahana geus rada maju sok nyandung! Alus...cekeng teh! Tapi maranehna
teu nyabit-nyabit lalaki urang Sunda mah. Jadi lalaki urang Sunda kalem we...!
baktos,
Porenges
"santai we...bari ngadegdeg!"
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com