--- In [email protected], surtiwa surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Mun ngaguar kana sajarah Menak Sunda baheula...ampir
> sadayana etmah langkung ti hiji garwana...cenah mah
> tuntutan sosial dina raraga kamenakan.....????

Leres Bah, Urang Sunda baheula nu nyandung, umumna para menak 
(priayi). Tapi katingalina urang Sunda teu pati resep ka menak nu 
nyandung teh, tepi ka mucunghul istilah "Dalem Sawidak". "Sawidak" 
didieu lain gelar kahormatan, ngan sindiran ka Dalem nu gaduh istri 
seueur, tepi ka anakna sawidak (= genep puluh).

Tapi, urang Sunda oge, kungsi boga menak nu "anti nyandung". Bupati 
Sumedang Pangeran Suriatamaja, kungsi ngaluarkeun larangan ka kaum 
Priayi Sumedang nyandung (akhir abad ka 19). Mungkin pamimpin di 
Indonesia nu pangheulana ngalarang nyandung, samemeh aya PP10 di jaman 
Orba. Naha larangan nyandung ka Priayi Sumedang teh, kumargi Pangeran 
Suriatmaja sadar yen lamun priayi nyandung bisa mucunghulkeun korupsi 
(priayi= pagawe pamarentah jaman kolonial) atawa mungkin wae sikep 
Pangeran Sumedang ieu, kulantaran anjeunna Putra Pangeran Sugih, 
Bupati Sumedang samemehna, nu istrina seueur jeung putrana "sawidak". 

Ceuk cenah, kasang-tukang hiji jalmi sok mangaruhan sikepna. Umumna 
barudak ti kulawarga polygami, sok anti nyandung upami parantos 
dewasana (pangpangna ti istri sepuh). Dina pro-kontra nyandung, jarang 
pisan nu nyaritakeun soal/nasib barudakna. Nu nyandung disebut sukses, 
umpama pamajikan2nana akur, komo lamun disaimahkeun. Peun weh dugi 
kadinya, barudakna mah teu kacaritakeun, saolah-olah barudak mah lain 
bagean ti kulawarga.

Padahal barudak teh pan nu boga "jaman kahareup" .....

Baktos,
WALUYA









 


Kirim email ke