--- In [email protected], Reksa Gantra <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> Dina paningal sim kuring mah, "lalaki Sunda tukang nyandung" teh 
> langkung mangrupi hiji stereotype manan hiji fakta nu akurat. Paling
> heunteu, naha leres lalaki Sunda seueur nu ngawayuhna manan nu 
> heunteu?

Stereotype nu dijieun ku urang sunda sorangan Kang MGT? enya meureun. 
Ceuk kuring mah aya sikep ngadua ti urang sunda kana nyandung teh. 
Diantara satuju jeung henteu. Sabenerna aslina urang Sunda teh etnik 
nu monogamy, saluyu jeung budayana nu patani huma (peladang). 
Pamajikan keur patani sabenerna PATNER. Lalaki jeung awewe babarengan 
digawe di huma, teu aya nu dominan, nu hiji ngawasa nu sejenna. Pak 
Yakob Sumardjo, dina bukuna "Pantun Sunda", panjang lebar nyaritakeun 
ieu. Kapercayaan urang Sunda Buhun oge nunjukkeun yen alam Gaib teh 
dipimpin wanoja : Sunan Ambu di Kahyangan, Dewi Sri, dewi kasuburan 
tatanen. Dalah laut oge dikawasa ku wanoja Nyai Roro Kidul.

Tah, kulnataran sifat dasar urang Sunda teh monogamy, pacampur jeung 
budaya luar nu polygami, urang Sunda teh jadi ngadua antara satuju 
jeung henteu. Ieu ditunjukkeun ku lobana kaheureuyan nu ditujukeun 
kanu nyandung. Kangjeng Dalem, ditambahan gelar jadi "sawidak", 
mucunghul lalaguan budak "tongtolang nangka", Lagu "sorban palid" nu 
sok disalenggorkeun. Stereotype Urang Sunda tukang nyandung oge, 
mungkin wae mucunghul tina sikep intropeksi diri nu asalna tina sikep 
dasar monogamy. Sagala kaheureuyan kanu nyandung moal aya, lamun urang 
sunda satuju 100% kana nyandung.

Tapi sanajan kitu, cik ka baraya anu terang kahirupan sosial urang 
kanekes (Baduy), aya henteu budaya nyandung di urang Kanekes?

Baktos,
WALUYA




Kirim email ke