ari menak jawa, nu ngalamar diyah pitaloka, sanes bade nyandung bah? hahaha.
numutkeun sajarah mah, kabeh manusa, timana wae rasna, warna kulitna, kabeh
oge nyararandung. stereotip lalaki sunda resep nyandung jigana, kulantaran
urang sunda toonganana kurang lebar. coba mun zoom out, lebarkeun geura
panoongna, bakal manggih, geuning nyandung teh karesep sarerea. sugan kitu
oge. hehehe.

salam,
mh

On 12/18/06, surtiwa surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  Mun ngaguar kana sajarah Menak Sunda baheula...ampir
sadayana etmah langkung ti hiji garwana...cenah mah
tuntutan sosial dina raraga kamenakan.....????

--- oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED] <omanarah%40gmail.com>> wrote:

> Asana nyandung teh dicontoan ku presiden anu urang
> Jawa, BK tea hehehe.
> Atawa BK teh teu kungsi nyandung ngan ukur
> gunta-ganti jikan? Anu jelas,
> kahayang kuring mah kasimpulanana teh dirobah jadi
> kieu : lalaki urang Sunda
> kararasep atawa garentle hehehe. Geura loba anu
> ngarojong kacindekan siga
> kitu mah.
>
> manAR
>
> On 12/18/06, waluya56 <[EMAIL PROTECTED]<resoma%40bdg.centrin.net.id>
>
> wrote:
> >
> > Poe jumaah kamari kuring papanggih jeung
> babaturan sakola, awewe.
> > Geus lila teu papanggih, sanajan kantorna di
> Bandung, tapi nanehna
> > ayeuna keur kuliah deui nyokot S3 di Jakarta.
> Biasa si eta mah
> > carahal-cirihil, ngobrol kaditu-kadieu, lila-lila
> obrolan teh
> > nyaritakeun soal nyandungna Aa Gym. Cakakak
> manehna teh seuri ....ah
> > da biasana cenah urang Sunda mah karesepna
> nyandung teu kaop maju
> > saeutik. Ceuk kuring teh ulah kitu, kawas lain
> urang Sunda wae,
> > maneh teh.
> >
> > "Heueuh da loba contona", pokna teh. "Dulur sayah
> ge hiji oge euweuh
> > nu boga salaki ka urang Sunda. Ngan sayah we nu
> boga salaki ka urang
> > Sunda deui teh"
> > "Tah pan salaki teu nyandung lain?", ceuk kuring
> teh
> > "Heueuh, kabeneran we bageur, teuing lamun
> beunghar mah", cenah bari
> > nyakakak.
> >
> > Naha bener urang sunda beuki nyandung? meureun.
> Ngan katingali
> > stereotyping lalaki Sunda beuki nyandung, cukup
> kuat. Teu kurang MAW
> > Brouwer baheula nulis di Kompas di taun 1970'an,
> waktu manehna
> > ngasuh "Kontak Psikologi", Lamun hayang boga
> salaki anu nurut,
> > bageur, kawin jeung Urang Jawa. Tapi upama hayang
> nu "hot", kawin
> > jeung lalaki Sunda, ngan kudu kuat engkena sok
> dipangnyandungkeun.
> >
> > Pamajikan kuring geus 8 taun ngurus gedong di
> kantorna ( di Bandung)
> > nu sok dipake resepsi kawinan. Nu matak kaget,
> salila 8 taun
> > nguruskeun gedong, ampir 80% nu kawin, awewena
> urang Sunda, lalakina
> > lain urang Sunda!. Kadang kuring sok nanya ka
> pamajikan, kunaon eta
> > teh, awewe Sunda loba2 teuing kawin jeung etnik
> sejen. Jawab
> > pamajikan teh sangeunahna, " Da urang Sunda mah
> beuki nyandung!",
> > kawas salakina lain urang Sunda wae.
> >
> > Enya kitu, lalaki Sunda boga bakat jadi polygamer?
> >
> > Baktos,
> > WALUYA
> >
> >
> >
>

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

Kirim email ke