Karek apal kuring mah,
singhoreng teh Gubernur BI, Burhanudin Abdullah.
Urang Garut geuning euy.

'ASGAR JAYA' !!!
he..he..he...

Kieu lalakon kuring nungkulan Silaturahmi Halal bihalal Bamus Jabar.
Acara ieu teh dilungguhan ku masarakat sunda ti jawa barat jeung banten.

Saenyana acara  halal bihalal kieu teh mangrupakeun acara rutin taunan, anu
diayakeun ku masarakat sunda anu dumuk di Jakarta khususna, jeung kota
satelit sabudeureunana.
Ari anu jadi panitiana nyaeta kumpulan-kumpulan atawa paguyuban-paguyuban
unggal wewengkon di tatar sunda.
Lamun taun kamari, anu  kapeto jadi panitia teh nyaeta  urang banten,
ngaran paguyubanna poho deui. Tah lamun taun ieu (2006),  panitiana teh
urang Garut, atawa ASGAR  tea.

'Kusnet Kuuleun' tadina postingan kuring teh rek dijudulan kitu, ngan teu
jadi he..he..he... DIbandingkeun jeung acara HBH Kusnet, HBH bamus jabar mah
jauh leuwih alus (ngahaja meh nyerieun hatena urang kusnet he..he..he..).
(heureuy juragan he..he..he..)

Arina kitu nya pantes, da geuning anu ngahadiran jeung ngarojong acara eta
teh, loba pangagung. Heueuh contona Gubernur BI pisan. Salian ti eta aya
deui anu jadi kepala departemen, pejabat teras di lingkungan TNI jeung
Polri, jrrd. Jadi siganamah urusan duit teh teu masalah. Matak ngayakeun
acarana oge kaitung 'Wah' ceuk kuring mah. Tempat acarana di Bidakara hotel
berbintang, MCna Aom Kusman, nu ngabodorna SOS juara API, pintonannana,
rampak kendang, pencak silat, jeung jaipongan.  Door Prize-na TV 21", HP,
Kompor Gas, jsb.

Barang datang, kuring ditarima ku pager ayu, bener-bener ayu, asli gareulis
uey. he..he..he..malah mah aya saurang anu dicirian ku kuring, atuda
mencrang euy. Komo basa manehna seuri mah, duh........ jajantung asa coplok.
Na hate kuring ngagerentes,  mun seug jadi pamajikan aing, dikekesek siah,
moal di bere ampun.

Acara dimimitian rada ngaret, kuduna jam sapuluh geus prung, ari ieu jam
sabelas karek dibuka. Ya biasa lah endonesia.

Mimitina mah biasa, bubuka, basmalah, ngaji Qur'an, jeung sambutan-sambutan.
Tah dina palebah sambutan kuring kataji ku hiji hal. Anu ku kuring ka catet
teh nyaeta "MINORITY COMPLEX", anu ditepikeun ku Burhanudin Abdullah. Ceuk
manehna, Urang sunda mah hanteu ngabogaan panyakit minority complex, atawa
Nepotismeu tea geuningan. Jadi kajeun manehna geus ngabogaan kalungguhan,
tapi dina neangan jalma anu ngabantuan pagaweannana teh, estu objektif,
ningali kana kamampuhan jeung katerampilannana, hanteu ningali kana asal
jeung ras atawa sukuna.
Numatak ceuk Gubernur BI, Urang sunda mah jadi pamatri, anu ngajaga kautuhan
NKRI, naon sababna, sabab hanteu nepotismeu tea.

Beres sambutan, diteruskeun ku do'a. Rengse ngadoa doa, tuluy hiburan.
Hiburan teh dieusian ku rampak kendang, terus pencak silat barudak jeung
jaipongan. Kusabab acara HBH ieu padeudeukeut jeung hari ibu, anu midang teh
estu awewe kabeh. Anu rampak kendang, awewe. anu silat, awewe najan barudak
keneh oge, anu jaipongan mah geus tangtu awewe. pintonan hiburan teh beuki
diramekeun ku banyolan seger ti Aom Kusman, disela-sela acara anu di MC ku
manehna, Kang Aom nepikeun carita-carita lucu, anu pasti diseungseurikeun ku
para hadirin.

Hanjakal pas SOS manggung, asa cawerang bobodoran na teh. Asa resep keneh
carita lucuna Aom Kusman. Tapi keun we lah teu nanaon, urang hargaan, da
maranehna teh geus usaha, kitu ceuk Kang Aom teh, sanggeus SOS turun
panggung.

Sanggeus pintonan beres, saterusna dahar. Kadaharanana prasmanan, menu-na
sunda pisan. Ari kuring mah geus pasti ngancam sate kambing, he..he..he..
Keur khusu ngadahar sate, pirajeunan kuring rurat-reret kana meja-meja anu
ngajajar, euleuh  itu geuning aya karesep kuring. Kulub Sampeu ! hanjakal
euweuh gula beureum na. Atuh sanggeus Sate sampurna dina jero beuteung,
kuring ngukud kulub sampeu tilu keureut, misro dua, kulub cau hiji, nginumna
cendol bandung sagelas.
Alhamdulillah, ngeunah euy. he..he..he..

Rengse dahar kuring ka masjid heula, laporan ka Pangeran.

Balik ti masjid, kuring ka ruang prasmanan deui, ngadon ngawadahan melon.
Bari ngadahar melon, nempo ka ruang utama, acara anu lumangsung nyaeta Door
Prize, anu meunang TV 21" teh urang depok, nu lian na mah teu pati
merhatikeun.

Sanggeus seubeuh barang dahar,  kuring tuluy balik.

Kitu tah baraya, lalakon kuring di Bidakara.






On 12/26/06, Buyung <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

   ari saya mah hoyong uninga.....ari si jay aya hanteu????pan asgar oge
ceunah heuheuheuheu

by
keur siduru



----- Original Message -----
*From:* ndoell <[EMAIL PROTECTED]>
*To:* [email protected]
*Sent:* Tuesday, December 26, 2006 10:35 AM
*Subject:* [Urang Sunda] Gempungan di Bidakara

 Poe Minggu, jam 10 isuk HP kuring disada.
aya sms ti Kang Irpan nu ngabejakeun yen manehna geus
aya di Bidakara, nanyakeun ka kuring teh, rek indit moal
ka Bidakara.

Di bales ku kuring teh, "Henteu Kang, keur buka lapak yeuh,
dongengna we diposting nya!"

Tah, ka anu ngaluuhan acara di Bidakara dinten Minggon
kamari, cik diantos dongengna..

-dul-


Kirim email ke