Si teteh ely cara postingna ngeunaheun euy. unggal pokok pikiran dibeungkeut dina hiji paragraf. unggal paragraf dipisah sabaris atawa dua. urang jadi ngeunah ngarunut guluyurna jalan pikiran. TOP lah.
ayeuna ngeuanaan si kasebelan, borokokok, setan alas, amerika. kuring ngahubungkeun jeung cara urang, (bangsa indonesia umumna, urang sunda khususna), nyikepan ka amerika. lamun tadi si teteh ely nyaritakeun yen amerika ngukut ahli-ahli karakter bangsa, berarti pantes atuh urang indonesia teh kieu wae. komo urang sunda na mah. Naha beut kieu wae. sabab karakter urang anu lemah jeung bodo. kuring nyebut bodo dina skala bangsa lain individu. jadi ulang ngomong, aya si A jadi profesor, si B jadi penemu. ieu mah konteksna bangsa. COba tingali urang timur tengah, bangsa irak ditaklukeunan ku jalan heuras, nyaeta ku cara invasi militer. Sabab najan bodo, tapi maranehna bangsa anu kuat, hanteu lemah. Ari bangsa urang. lah nya kitu tea, tong boro diajak perang, diajak lari 2 km oge tangtu ngajurahroh geura. kalahka beuteung we gararendut. masalah kapinteran, euh komo deui ieu. otak bangsa urang mah tara pernah dipake. teu pernah mikir panjang. anu dipikirna teh anu dihareupeun cungur manehna. conto leutik anu ku kuring kanyahoan, masalah MoU indonesia jeung microsoft ngeunaan pembelian lisensi. Kuring mah suudzon, aya oknum pejabat anu disogok ku microsoft sangkat ngagolkeun MoU ieu. Padahalmah, lamun enya mah otakna dipake, na matak naon duit anu dibikeun ka microsoft pikeun "meuli lisensi" teh dipake pikeun ngembangkeun sistem operasi sorangan. adonannana geus jadi nyatana Open Source", kari ngasupkeun kana oven. eta skala bangsa. skala individu, bangsa urang mah memang bararodo, dina harti lain teu bisa ngitung 2x2, tapi teu bisa ngitung kahirupan. lamun urang ngalakukeun kieu, tangtu bakal kieu akibatna. lamun ngalakukeun kitu, anu kapangaruhan teh lain ngan urang wungkul tapi lingkungan urang oge, jeung sajabana. hiji deui anu paling penting ngeunaan kabodoan urang teh nyaeta, "Bodo Katotoloyoh", betah dina kabodoan nana. Lain harti teu nyaho, ari nyaho mah nyaho yen nu kitu teh salah, nu kieu teh bahaya jsb. tapi teu daek robah. estu betah ngalakukeun kasalahan jeung kabodoan eta. tah balik deui ka ahli karakter bangsa anu dikukut ku Amerika. Geus tangtu maranehna nyaho kana karakter goreng bangsa urang. atuh maranehna teu kudu susah-susah ngirimkeun armada perang, ka cape-cape, ka beak-beak duit. cukup cekelan we jalma--jalma anu boga kakawasaan. terus rahayatna dicekok ku gaya hidup materialistis. beresssss. (dina hate kuring keur ngaluarkeun kecap-kecap kasar pisan ngahujat bangsa urang sorangan. he..he..he.. komo ka urang sunda na mah, [EMAIL PROTECTED]&:>) On 1/7/07, ely evalita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Sampurasun, Akang-akang, abah-abah anu kasep, katut teteh, ambu anu geulis, masih dinten minggu yeuh, wanci nu hade keur ngadongeng dina milist urang sunda ieu. Ayeuna urang nengetan kahebatan Amerika di Irak.

