Keur jaman kolonial, Aria Adipati = Pangkat keur Bupati, contona Raden
Aria Adipati Martangara, salah saurang Bupati Bandung di jaman walanda, nu
ayeuna jadi aran jalan di Kota Bandung. Gelar Aria, Adipati atawa Pangeran
teu tiasa kitu wae dianggo, kedah gaduh heula bisluit (SK)  ti raja/ratu
Walanda, margi aya hubunganana jeung kapangkatan.

Ilaharna urang sunda jaman baheula ( ti kalangan menak), sok ngaganti aran
upama jadi pejabat ku aran nu nunjukkeun kapriyayianana (Kusumah, Atmaja,
dinata jrrd) . Bupati Sumedang, Pangeran Aria Adipati Suriaatmaja, nuju
budakna aranna, Aom Sadeli. Kitu deui Pangeran Kornel, nuju budakna aranna
Aom Jamu, tapi saatosna anjeunna jadi Bupati Sumedang, namina janten
Pangeran Kusumah Dinata.

Jaman ayeuna? ......mangga bade ngagentos aran mah, teu kedah ngantosan
bisluit ....hehehehe

Baktos,
WALUYA

----- Original Message -----
From: Reksa Gantra
To: [email protected]
Sent: Friday, January 26, 2007 10:11 AM
Subject: Adipati (Re: [Urang Sunda] Ganti nami lahir/nami "Arya")



Ceuk cenah, kocap (istilah) adipati diangge di Tatar Sunda mangsa Mataram
Islam "ngajajah" Tatar Sunda. Ieu istilah awitan diterapkeun di Galuh,
Ciamis kiwari, ka Adipati Panaekan. Sateuacanna, sebatan ka penguasa Galuh
ngangge istilah Kanjeng Prebu.

MGT

Kirim email ke