waduh. hebat tah. Sigana si Apih tah kuduna mah disundakeun bumina anu di bogor teh. duka tos sabara persen nyunda na teh. Satuju MJ. Ngan waragadna...??? haha
baktos Nambihan: Naha ari anu disebut imah sunda teh fisik atawa psikis. Maksud teh, naha imah sunda anu bentukna siga dina penjelasan Kang Rahmat tu MJ teh teu kapanganruhan ku tuntutan lokal jeung jamanna? Pan, imah oge nyingcirikeun kumaha kaayaan jamanna. COnto, kapungkur imah laluhur teh da...ceuk cenah, loba sasatoan anu sok kumalayah ka buruan. Jadi imah diluhuran. Kadua, deui-deui, da kuring mah nganut Sunda substansi, meureun poe ieu, kasundaan urang geus "dialog" jeung budaya sejen. Sok we tinggal: urang sunda bareto pan teu make mobil. komo HD mah. Ayeuna, anu gaduh pada2 nganggo. Naha eta ngalanggar wewengku budaya sunda? pan heunteu? Kitu deui masalah per"imah"an. Nya, mun Urang SUnda ngaadop saeutik model spanyol, modern minimalis (seuratan MJ jadi rujukan penting!) atawa anu sejena, pan sah we. nu penting, nu nyingcirikeun imah sunda teu ilang, saperti: anu boga imah salawasna someah hade ka semah. Sahingga, imah sunda, ceuk kuring, teu kudu dihartikeun secara "benda", tapi kata kerja anu mibanda harti teu pernah enggeusan. Saperti budaya, ceuk ignas kleden mah, salilana bida "gerak" ngigelan jaman. sakitu heula ah Punten sabalang bentor tantan

