Dupina mah lepat link-na kang. Ieu anu leres kang:
asephadiyana.tripod.com/sundanese_culture.htm
Salamna,
Pun Asep
Satria Pinandita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
hatur nuhun pisan, ke nya sakedap pami iyeu pademelan nu teu beres beres
tong rengse, insya alloh alamat nu di pasihan ku akang urang aos....
da tos sababaraha sumber teu aya nu sami maksad teh benten benten....
duka abdi mah nu kirang tataros mung di ajar nyalia...
hatur nuhun kang.........
salam baktos
zuhdan "SP" tea...
----- Original Message -----
From: Asep Hadiyana
To: [email protected]
Sent: Monday, March 26, 2007 4:15 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Aksara Sunda
Punten nembe dijawab deui yeuh kumargi kasibukan.
Info aksara Sunda parantos dirangkum sareng dilebetkeun kana situs sim
kuring di asephadiyana.tripod.com/sundanese_culture.htm.
Sae pisan sareng balageur ku getolna urang Kusnet teh, meni reueus.
Saleresna mah sim kuring tos ngiring aub ngawitan ti taun 1998, mung
carana benten, henteu ngalangkungan wikipedia. Sim kuring nyobi sosialisasi
ka urang deungeun ku cara ngadamel situs dina basa Inggris ngeunaan Sunda
sareng budayana anu mangrupi Cianjuran sareng Degung. Situs eta ditempelkeun
di server tripod (alamat lawas: members.tripod.com/¬pasundan) sareng
geocities. Hal ieu dilakukeun kumargi taun 1998 sim kuring sadar yen masih
seueur lepat paham ngeunaan Sunda. Contona wae degung atanapi Cianjuran
digolongkeun kana genre musik Jawa. Aya oge anu nganggap Sunda the aya di
Afrika. Usaha ieu sakedik aya hasilna. Upamina wae aya urang deungeun anu
nganuhunkeun kumargi tos dipasihan obor sapertos kieu:
Name: Josh Myerov
Email: [EMAIL PROTECTED]
Date: 13 Feb 2003
Time: 00:04:33
Comment Congratulations, it looks like you have a great site. I stumbled
onto it because I was looking into a used CD I just bought called "Degung
Sabilulungan." The music is wonderfully hypnotic. I have to admit, though, I
thought I was buying "Sudanese" music from East Africa, only to discover
it's "Sundanese" music from West Java. What a great discovery.
Mugia ku ayana upaya / info ieu, urang deungeun ani katarik ku budaya
Sunda moal nyasar ka tempat sanesna.
Insya Allah upami aya bahan sareng waktos, bade nyobian oge nguisan info
wikipedia.
Pun Asep
asephadiyana.tripod.com
kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Kaleresan urang Kusnet teh
garetol (nu getol eta ge, heuheu...). Potensi anu gede, mun dikamalirkeun
sacara bener mah hasilna tiasa tohaga, najan ukur bati salingkuh ge. Anu
jadi luluguna mah nyaeta Kang Dian ti LSS-ITB nu ayeuna nuju ngumbara di
Jerman, dibantu ku baraya nu sejenna. Lian ti eta, proyek2 anu nuju
dikeureuyeuh teh di antarana 'digitalisasi pustaka2 Sunda', 'tarjamah
Qur'an basa Sunda', jeung jurnal 'koropak'.
Upami salira minat ngiring aub, mangga diantos pisan...
On 3/21/07, Asep Hadiyana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Hatur nuhun, ngabantos pisan. Engke upami salse,
informasinya bade dirangkum teras dilebetkeun kana situs web sim kuring.
Eta saha anu bageur ngalebetkeun warta / iber huruf Sunda kana wikipedia
sareng oge ngadaptarkeun ka organisasi internasional ngeunaan
huruf-huruf anu aya di dunya, kang?
---------------------------------
Food fight? Enjoy some healthy debate
in the Yahoo! Answers Food Drink Q&A.
---------------------------------
Looking for earth-friendly autos?
Browse Top Cars by "Green Rating" at Yahoo! Autos' Green Center.