Nambihan istilah:

  Hideng meles

  Candra mawat (ucing nu boga warna bulu tilu atawa leuwih)

  Bodas ngeplak

  Beureum Layung

  Telor Asin

  Kayas (karembong kayas)

  Koneng enyay

  Biru langit (Lazuardi)

  Beureum Ati

  Herang mencrang

  Geuneuk maleukmeuk

  Poek mongkleng buta rata

  jrrd




    ----- Original Message ----- 
    From: Asep Hadiyana 
    To: [email protected] 
    Sent: Monday, April 02, 2007 1:05 AM
    Subject: RE: [Urang Sunda] Caket Treuk Hideung



    Wilujeng wengi teh Roro,
    Meni jangkis (eh jangkdut kitu?), kumargi seueur gizi dina katuangannana 
panginten. Sareng solehah.  Memang agami (sareng olah ragi) kedah dicepeng, he 
heh..
    Wangsul ka perkawis warna, kumaha kacindekannana? Tiasa henteu upami 
dicindekkeun yen dina basa Sunda:
      1.. Warna dibentenkeun tingkat kejeroan (kedalaman) warna (basa sains-na 
hue), aya warna kolot sareng warna ngora (atanapi warna panas sareng tiis). 
        1.. Hejo lagedod vs hejo daun (hejo tikuda); 
        2.. Beureum euceuy 
      2.. Warna dibentenkeun tina tingkat seueurna cahaya (contrast): 
        1.. Bodas nyacas 
        2.. Hideung lestreng
      3.. Warna oge dianggo dina ungkapan. 
        1.. Hejo carulang 
        2.. Koneng umyang 
        3.. Bodas ngeplak (bodasna rata) 
        4.. Hejo ngemploh (hejona rata?) 
        5.. Hideung cakeutreuk (hideung + kotor)
    Bilih aya anu kakantun atanapi kalepatan dina kasimpulan ieu, mangga 
tambihan atanapi lereskeun ku teh Roro sareng para pamiarsa sadaya.
    Salamna,
    Pun Asep


    Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]> wrote: 
      Teh roro sabaraha kilo, tah? totalna janten sabaraha rebu? Hoyong meser 
yeuh. Heu heu heu, heureuy ieu mah.
      Ih, ni tiasaan nyelokna . 1kg manggu x Beurat Salira abdi = Pangaos 
manggu. heheh.
      Dina iklan TiPi ge kangge istri mah pamali pisan pami uar-uar BS teh. 
janten moal dipasihan terang.pokonamah "proporsional" weh.heuheu. Tapi ari 
jangkung mah mangga, 168cm. Eta teh rengking 3 di bumi mah.da kumaha 
citakanana. pararanjang.

      Telkom Risti mah di Jl. Geger Kalong, sanes di Jl. Japati.
      Aeh, muhun sok pagentos wae.asa teh RisTi mah di Japati. Sakapeungmah 
pami salse dinten Minggu, sok ngadeuheus ka ditu ngiringan ceramah Ust. 
Aam-Percikan Iman.raoseun tiis deuih seueur tatangkalan di dinya mah.

      Biasa teh, waktos rehat, cai kopi sareng kuehna dicandak sareng disimpen 
dina luhur meja caket komputer supados tiasa muka email (serelek?).
      Oh, nuju rehat.cik atuh Kang, Kopi & Kuehna "di-share" kadieu geura 
hihih...Abdi mah sok tara kaur pami aya emameun cakeut komputer teh, panangan 
bade nyepengan mouse ge, tisoledat deui.tisoledat deui... kana tuangeun na 
piring, janten mending diseepkeun heula tuangeunana nembe ngoprex. Serelek? 
Surelek panginten.serelek mah kanggo hordeng heuheu...

      Pun Asep
      ro2




----------------------------------------------------------------------------
    Food fight? Enjoy some healthy debate
    in the Yahoo! Answers Food Drink Q&A. 

     

 

Kirim email ke