Solomon, nagri di tengah sagara Pasifik saurna mah nagara pangmiskinna di
dunya. Eta nagri teh geningan jajahan Inggris.
Finlandia, 900 taun (upami teu lepat) dijajah ku nagri tatanggana, Swedia.
Saatos eta dijajah ku Rusia 100 taun. Ayana kalebet nagri pangmajengna.
Janten, pribados sapuk yen henteu aya pakaitna antara mejengna sahiji nagara
sareng sajarahna anu kantos dijajah Inggris.
Majengna hiji nagara ditangtoskeun ku kaumna sorangan. Moal majeng sahiji
nagara atanapi kaum lamun kaumna eta henteu ngarobah nyalira.
Wassalam,
Asep
ika mardiah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Rada aneh oge lamun aya nu beranggapan dijajah ku Inggris bakal maju, pedah
ningali Singapur jeung Malaysia kitu? Na teu emut ka India, Pakista, Srilanka,
negara-negara Timur Tangah, Afrika nu dijajah Inggris loba oge nu teu maju.
Komo Palestina mah malah tanahna ku Inggris dipasihkeun ka Israel. Dugi ka
ayeuna teu beres-beres. Perang teu anggeus-anggeus.
Janten nu ngarana penjajah mah teu aya nu hade.
Tapi nu penting oge urang ulah nepi dijajah ku bangsa sorangan.
Kumaha carana supaya kamerdekaan teh bener-bener lain ngan saukur tepi ka
pintu gerbangna wungkul, tapi keur karaharjaan.
Memang eta mah hayang dijajah Inggris teh saukur heureuy meureun, tapi keur
kanu sadar sejarah mah asa matak sedih oge, hehehe......
Baktos,
-ika-
6. ............naon deui nya? ah pokona mah lah hese rek majuna lah!
ngabuktikeunanan ku cara nyieun nagara sorangan, misah ti NKRI. bere tempo
saratus taun sugan. cing bisa teu maju? mun enya henteu, gabung deui ka NKRI.
heuheu. mun NKRI teu maju2 oge, menta dijajah deui we, engke mah ku Inggris
sugan.
---------------------------------
Yahoo! oneSearch: Finally, mobile search that gives answers , not web links.
--
geocities.com/mangjamal
Fussy? Opinionated? Impossible to please? Perfect. Join Yahoo!'s user
panel and lay it on us.
http://us.rd.yahoo.com/evt=48516/*http://surveylink.yahoo.com/gmrs/yahoo_panel_invite.asp?a=7
hot CTA = Join Yahoo!'s user panel
---------------------------------
Be a better Globetrotter. Get better travel answers from someone who knows.
Yahoo! Answers - Check it out.