Mukaan kamus dina entri kecap "maneh"
1. KUBS LBSS : maneh; 1.kecap gaganti ngaran keur jalma kadua " ieu buku bikeun 
ku maneh ka Kang Adun..", 2.diri pribadi,nyangsara maneh anu hartina nyangsara 
diri pribadi, maehan maneh maehan diri pribadi, sing bisa mawa maneh sing bisa 
campur gaul bari teu kudu kabawakeun ku nu teu bener.
2. Dina Kamus Sunda-Sunda Satjadibrata : maneh, hartina gaganti ngaran jalema 
kadua, 2. nuduhkeun diri pribadi
3. Dina Kamus Sunda Danadibrata : maneh ; gaganti ngaran jalema kedua, 2. kecap 
pikeun nuduhkeun diri pribadi.
dina kamus anu sanesna ge hartosna maneh ampir sami siga kitu.
( cing engke urang taroskeun ka ahlina dina waktos kursus budaya 
Sunda.....sugan we teu hilap kitu ge....he he...
)
MSasmita.

  ----- Original Message ----- 
  From: Djakaria Purawidjaja 
  To: [email protected] 
  Sent: Wednesday, June 06, 2007 12:37 PM
  Subject: Re: [Urang Sunda] Seni rupa Sunda
  Ass ww,    
  Tetep aya kapanasaran, sugan aya nu tiasa ngawaler, naha aya rambat kamalena 
kana budaya sunda ? Kaleresan aya rerencangan etnis sanes sunda tapi ngartos 
basa sunda, ari pok teh mere komentar cenah urang sunda mah sesuai bahasanya 
TIDAK PERNAH ADA YANG " BUNUH DIRI ", yang ada kapan " MAEHAN MANEH "! Mangga 
pangjelaskeun, abdi mah dugi ka ayeuna can mendak !
  Wass DP.
   
   

Kirim email ke