Hatur nuhun Teh Roro sareng Kang Asep nu tos maos eta artikel. Perkawis "teu tiasa disakompetdaunkeun" eta leres pisan sim kuring ge satuju, mung duka upami dipersentasekeun naha seueur keneh anu leleda atanapi seueur keneh tos tepat waktu (sae pisan upami aya panalungtikan anu daria). Perkawis daluang, sim kuring teh kantos guguru ka Kang Tedi, saleresna mah teu sesah kantun leukeun meupeuhna. Kualitas hasil kenging sim kuring mah tebih keneh dibandingkeun sareng kualitas hasil kenging Kang Tedi, kenging kang Tedi mah sae pisan. Pantes pisan lebet kana Sosok di Kompas teh.
MSasmita ----- Original Message ----- From: Aschev Schuraschev To: [email protected] Sent: Saturday, August 04, 2007 6:50 PM Subject: Re: [Urang Sunda] Re: Legenda Buku Sunda Untung diwartosan ku neng roro aya seratan uwa Sas ngeunaan "Waktu dan Orang Sunda". Nyaeta sok tara kawenehan upami aya email ti uwa Sas sareng sababaraha email address anu sanesna anu lebet ka milis teh. Ngeunaan seratan uwa Sas "Waktu dan Urang Sunda", hoyong mairan sakedik kana paragraf "Dengan demikian, bisa jadi orang Sunda saat ini begitu longgar terhadap persepsi waktu karena artefak (pikiran) masa lalu masih menempel; tidak peduli seberapa tinggi pendidikan yang didapat; tidak peduli seberapa tinggi jabatan yang dimiliki." Numutkeun pribados, urang Sunda henteu tiasa disakompetdaunkeun gaduh sikap longgar kana waktos. Henteu sadaya urang Sunda sapertos kitu. Seueur urang Sunda anu sholat dina awal waktos kumargi ngamalkeun falsafah / paribasa "hirup katungkul ku pati, paeh teu nyaho di mangsa". Seueur oge urang Sunda, upami diondang rapat, sumping on time, malah tos campego sateuacan rapat dikawitan duka margi alim isin telat, duka kumargi nurutan budaya modern (ngamalkeun falsafah "ngindung ka waktu ngabapa ka jaman"). Sapertos kauninga ku sadaya, jargon jam karet teh melekat pisan ka bangsa Indonesia, janten seueur pisan urang Indonesia anu milaku jam karet. Upami urang Sunda bade janten pionir dina revolusi budaya Indonesia, pribados satuju pisan kana gagasan uwa supados urang Sunda gaduh paribasa anu pakait sareng laku tepat waktu. Paribasa mah pan tiasa didamel sareng dimasarakatkeun iraha wae; sapertos jaman kueh tambang sareng soun lebet ka tatar Sunda, urang sunda ngadamel paribasa "kauntun tipung, katambang beas". Sanes kitu? Mangga atuh dikawitan ku masarakat Sunda anu aya di ieu milis kanggo ngagunakeun sareng ngamasarakatkeun paribasa pakait laku on time anu didamel ku uwa Sas. Sakitu anu kapihatur, neda dihapunten bilih aya kecap anu henteu merenah. Salam, Asep rosma_ilyas <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Nembe, iseng mukaan Kompas akhir Juli, leres aya seratan Wa Sas, wilujeng Wa. Dina Kompas dinten ayeuna aya warta Kang Tedi nu disebatkeun ku Uwa tea..."Tedi Permadi dan Kertas Tradisional Sunda". Walah? kertas Daluang teh geuningan "aya artosan" nya?...lumayan pami dibudidayakeun mah tiasa ngaronjatkeun ekonomi rahayat di pilemburan. Sae, Wa. ro2 --- In [email protected], "MSasmita" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Keur buku pracitak (naskah, bisa tina lontar atawa daluang atawa media lain), keur ngeuyeuban ieu rek aya samodel workshop nyieun daluang tina tangkal saeh, kaligrafi aksara Sunda (Kaganga), mangsi gentur, jeung paparbotanana nyieun daluang. Tempatna rek di gedong YPK nu di Jl. Naripan Bandung. > Salian ti eta acara teh hayang dibeungharan ku buku buku basa Sunda indie jeung dokumentasi indie boh foto boh video/film anu aya pakaitna jeung Tatar Sunda. > (Kamari kuring teh ulin ka Galeri Rumah Teh di Dago, Taman Budaya, ngadongdon Kang Tedi Permadi nu keur ngayakeun workshop kertas daluang tina tangkal saeh sakalian jeung workshop kaligrafi aksara Sunda, loba hasil karyana anu dipamerkeun). > Aeh enya basa sasih Juni ahir, sim kuring ngintun artikel ka Kompas Jabar, geuning dimuat dina ahir sasih Juli artikelna tiasa diaos didieu. > http://www.kompas.com/kompas-cetak/0707/28/Jabar/24651.htm > > MSasmita > Asep ------------------------------------------------------------------------------ Building a website is a piece of cake. Yahoo! Small Business gives you all the tools to get online.

