Punten kang.....ari kang aschev teh ti mana.....namina sami sareng urang
rusia.....
 
Wassalam 
ade sudirja

________________________________

From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On
Behalf Of Aschev Schuraschev
Sent: Saturday, 04 August, 2007 16:51
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] Re: Legenda Buku Sunda



Untung diwartosan ku neng roro aya seratan uwa Sas ngeunaan "Waktu dan
Orang Sunda". Nyaeta sok tara kawenehan upami aya email ti uwa Sas
sareng sababaraha email address anu sanesna anu lebet ka milis teh.  
Ngeunaan seratan uwa Sas "Waktu dan Urang Sunda", hoyong mairan sakedik
kana paragraf "Dengan demikian, bisa jadi orang Sunda saat ini begitu
longgar terhadap persepsi waktu karena artefak (pikiran) masa lalu masih
menempel; tidak peduli seberapa tinggi pendidikan yang didapat; tidak
peduli seberapa tinggi jabatan yang dimiliki." Numutkeun pribados, urang
Sunda henteu tiasa disakompetdaunkeun gaduh sikap longgar kana waktos.
Henteu sadaya urang Sunda sapertos kitu. Seueur urang Sunda anu sholat
dina awal waktos kumargi ngamalkeun falsafah / paribasa "hirup katungkul
ku pati, paeh teu nyaho di mangsa". Seueur oge urang Sunda, upami
diondang rapat, sumping on time, malah tos campego sateuacan rapat
dikawitan duka margi alim isin telat, duka kumargi nurutan budaya modern
(ngamalkeun falsafah "ngindung ka waktu ngabapa ka jaman").
Sapertos kauninga ku sadaya, jargon jam karet teh melekat pisan ka
bangsa Indonesia, janten seueur pisan urang Indonesia anu milaku jam
karet. Upami urang Sunda bade janten pionir dina revolusi budaya
Indonesia, pribados satuju pisan kana gagasan uwa supados urang Sunda
gaduh paribasa anu pakait sareng laku tepat waktu. Paribasa mah pan
tiasa didamel sareng dimasarakatkeun iraha wae; sapertos jaman kueh
tambang sareng soun lebet ka tatar Sunda, urang sunda ngadamel paribasa
"kauntun tipung, katambang beas". Sanes kitu?
Mangga atuh dikawitan ku masarakat Sunda anu aya di ieu milis kanggo
ngagunakeun sareng ngamasarakatkeun paribasa pakait laku on time anu
didamel ku uwa Sas.


Sakitu anu kapihatur, neda dihapunten bilih aya kecap anu henteu
merenah.


Salam,
Asep




rosma_ilyas <[EMAIL PROTECTED]> wrote: 

        Nembe, iseng mukaan Kompas akhir Juli, leres aya seratan Wa Sas,

        wilujeng Wa. Dina Kompas dinten ayeuna aya warta Kang Tedi nu 
        disebatkeun ku Uwa tea..."Tedi Permadi dan Kertas Tradisional 
        Sunda". Walah? kertas Daluang teh geuningan "aya artosan" 
        nya?...lumayan pami dibudidayakeun mah tiasa ngaronjatkeun
ekonomi 
        rahayat di pilemburan. Sae, Wa.
        
        ro2 
        
        --- In [email protected]
<mailto:urangsunda%40yahoogroups.com> , "MSasmita" <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
        > Keur buku pracitak (naskah, bisa tina lontar atawa daluang
atawa 
        media lain), keur ngeuyeuban ieu rek aya samodel workshop nyieun

        daluang tina tangkal saeh, kaligrafi aksara Sunda (Kaganga),
mangsi 
        gentur, jeung paparbotanana nyieun daluang. Tempatna rek di
gedong 
        YPK nu di Jl. Naripan Bandung.
        > Salian ti eta acara teh hayang dibeungharan ku buku buku basa 
        Sunda indie jeung dokumentasi indie boh foto boh video/film anu
aya 
        pakaitna jeung Tatar Sunda.
        > (Kamari kuring teh ulin ka Galeri Rumah Teh di Dago, Taman
Budaya, 
        ngadongdon Kang Tedi Permadi nu keur ngayakeun workshop kertas 
        daluang tina tangkal saeh sakalian jeung workshop kaligrafi
aksara 
        Sunda, loba hasil karyana anu dipamerkeun).
        > Aeh enya basa sasih Juni ahir, sim kuring ngintun artikel ka 
        Kompas Jabar, geuning dimuat dina ahir sasih Juli artikelna
tiasa 
        diaos didieu.
        > http://www.kompas.com/kompas-cetak/0707/28/Jabar/24651.htm
<http://www.kompas.com/kompas-cetak/0707/28/Jabar/24651.htm> 
        > 
        > MSasmita
        >
        
        




Asep


________________________________

Building a website is a piece of cake. 
Yahoo! Small Business gives you all the tools to get online.
<http://us.rd.yahoo.com/evt=48251/*http://smallbusiness.yahoo.com/webhos
ting/?p=PASSPORTPLUS>  

 

Kirim email ke