Untung diwartosan ku neng roro aya seratan uwa Sas ngeunaan “Waktu dan Orang 
Sunda”. Nyaeta sok tara kawenehan upami aya email ti uwa Sas sareng sababaraha 
email address anu sanesna anu lebet ka milis teh.  
   
  Ngeunaan seratan uwa Sas “Waktu dan Urang Sunda”, hoyong mairan sakedik kana 
paragraf “Dengan demikian, bisa jadi orang Sunda saat ini begitu longgar 
terhadap persepsi waktu karena artefak (pikiran) masa lalu masih menempel; 
tidak peduli seberapa tinggi pendidikan yang didapat; tidak peduli seberapa 
tinggi jabatan yang dimiliki.” Numutkeun pribados, urang Sunda henteu tiasa 
disakompetdaunkeun gaduh sikap longgar kana waktos. Henteu sadaya urang Sunda 
sapertos kitu. Seueur urang Sunda anu sholat dina awal waktos kumargi 
ngamalkeun falsafah / paribasa “hirup katungkul ku pati, paeh teu nyaho di 
mangsa”. Seueur oge urang Sunda, upami diondang rapat, sumping on time, malah 
tos campego sateuacan rapat dikawitan duka margi alim isin telat, duka kumargi 
nurutan budaya modern (ngamalkeun falsafah “ngindung ka waktu ngabapa ka 
jaman”).
   
  Sapertos kauninga ku sadaya, jargon jam karet teh melekat pisan ka bangsa 
Indonesia, janten seueur pisan urang Indonesia anu milaku jam karet. Upami 
urang Sunda bade janten pionir dina revolusi budaya Indonesia, pribados satuju 
pisan kana gagasan uwa supados urang Sunda gaduh paribasa anu pakait sareng 
laku tepat waktu. Paribasa mah pan tiasa didamel sareng dimasarakatkeun iraha 
wae; sapertos jaman kueh tambang sareng soun lebet ka tatar Sunda, urang sunda 
ngadamel paribasa “kauntun tipung, katambang beas”. Sanes kitu?
   
  Mangga atuh dikawitan ku masarakat Sunda anu aya di ieu milis kanggo 
ngagunakeun sareng ngamasarakatkeun paribasa pakait laku on time anu didamel ku 
uwa Sas.



Sakitu anu kapihatur, neda dihapunten bilih aya kecap anu henteu merenah.



Salam,
Asep

   
  

  
rosma_ilyas <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                                  Nembe, 
iseng mukaan Kompas akhir Juli, leres aya seratan Wa Sas, 
 wilujeng Wa. Dina Kompas dinten ayeuna aya warta Kang Tedi nu 
 disebatkeun ku Uwa tea..."Tedi Permadi dan Kertas Tradisional 
 Sunda". Walah? kertas Daluang teh geuningan "aya artosan" 
 nya?...lumayan pami dibudidayakeun mah tiasa ngaronjatkeun ekonomi 
 rahayat di pilemburan. Sae, Wa.
 
 ro2  
 
 --- In [email protected], "MSasmita" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
 > Keur buku pracitak (naskah, bisa tina lontar atawa daluang atawa 
 media lain), keur ngeuyeuban ieu rek aya samodel workshop nyieun 
 daluang tina tangkal saeh, kaligrafi aksara Sunda (Kaganga), mangsi 
 gentur, jeung paparbotanana nyieun daluang. Tempatna rek di gedong 
 YPK nu di Jl. Naripan Bandung.
 > Salian ti eta acara teh hayang dibeungharan ku buku buku basa 
 Sunda indie jeung dokumentasi indie boh foto boh video/film anu aya 
 pakaitna jeung Tatar Sunda.
 > (Kamari kuring teh ulin ka Galeri Rumah Teh di Dago, Taman Budaya, 
 ngadongdon Kang Tedi Permadi nu keur ngayakeun workshop kertas 
 daluang tina tangkal saeh sakalian jeung workshop kaligrafi aksara 
 Sunda, loba hasil karyana anu dipamerkeun).
 > Aeh enya basa sasih Juni ahir, sim kuring ngintun artikel ka 
 Kompas Jabar, geuning dimuat dina ahir sasih Juli artikelna tiasa 
 diaos didieu.
 > http://www.kompas.com/kompas-cetak/0707/28/Jabar/24651.htm
 > 
 > MSasmita
 >
 
 
     
                       


Asep

       
---------------------------------
Building a website is a piece of cake. 
Yahoo! Small Business gives you all the tools to get online.

Kirim email ke