evalita

Kuring kungsi ngondang ieu mangkeluk sangkan balik deui ka ieu milis.
Tujuanana mah basajan, tulisan ieu mangkeluk, najan sok matak panas ceuli,
aya oge teuleumaneunana, cenah. Nya kuring oge anutadi peuting ngaloloskeun
surelekna ka ieu milis. Sacara pribadi memang kuring oge teu suka kana gaya
tulisanana, tapi keun bae lah... Anggap bae manajemen kolbu, ngalatih
sangkan urang teu panasan kana tulisan anu nyelekit (najan can tangtu ngeusi
oge, heuheu...). Kitu soteh mun tulisanana tutunjuk ka urang sacara umum.
Mun geus mimiti deui nyerang pribadi2, ke urang voting: ditalapung atawa
dikaluarkeun? (no option, huahahahah...)
Urang bandungan bae...

ndud

Geus wanoh atuh ka si ieu mah. Geus puguh mangkelukna, geus pertela
pribadina. Lebah tulisanana ngeunaan eta tea, kuring sapuk jeung anu
didugikeun ku Kang Hasan Supriadi si PENGAMAT MILIS (ka mana wae, euy?!!).
nDud teh kaasup jiwa muda nu keur sumedeng beukah (puguh da ngagoreng
ranginang), nu kolot pantar Kang Hasan (pis, meeeng....) wayahna kedah rada
ngamaphum.

Ceuk jéger tea mah papada ngora kaci silih dupak. Tapi kade, di ieu lembur
teh rea oge kolot anu tetep kudu diajenan ku kasopanan omong urang. Najan
henteu jorang, cawokah teuing ge ulah... Ngarah sadaya sugema. Hurip abdi,
waras kuncén! heuheu...

Punten, sanes maksad mamatahan ngojay ka meri... Bilih kaputusan ieu teu
kamanah, kuring kaci pisan diseukseukan...

-- 
sikandar
kuncen #4 atawa #5? Haheuaheauheua....

Kirim email ke