Kang Kuncen, ari kuring mah, teu masalah amun emang debat anu sehat, malah debat anu nyieun panas ceuli mah teu nanaon, malah resep mairanna oge, bisa bare babagi elmu. amun debat anu kitu mah loba pisan mangpaat jeung bipaatna. Tapi anu ieu mah apanan lain, malah euweuh perdebatanna, anu aya malahan suudzon, pitnah anu diposting ku manehna. nu aya ngadon pasea. apanan bisa meureun ngabedakeun perdebatan jeung pasea. Ari masalah ditalapung atawa henteu mah, eta mah hak kuncen. Teu kudu ditanyakeun ka anggota, kantun kuncen ngarobrol weh eta mah. Ngan palingan engke hasil kaputusan kuncen ditanggapi anu bakalan beda2 ku anggota2 milist ieu. da apanan anggota milist ieu teh enya oge sarua urang sunda kabeh, nya pastina oge pamikiran mah heterogen... Bener teu? (teeeuu...)
-Bohay- 2007/8/2, kumincir <[EMAIL PROTECTED]>: > > evalita > > Kuring kungsi ngondang ieu mangkeluk sangkan balik deui ka ieu milis. > Tujuanana mah basajan, tulisan ieu mangkeluk, najan sok matak panas ceuli, > aya oge teuleumaneunana, cenah. Nya kuring oge anutadi peuting ngaloloskeun > surelekna ka ieu milis. Sacara pribadi memang kuring oge teu suka kana gaya > tulisanana, tapi keun bae lah... Anggap bae manajemen kolbu, ngalatih > sangkan urang teu panasan kana tulisan anu nyelekit (najan can tangtu ngeusi > oge, heuheu...). Kitu soteh mun tulisanana tutunjuk ka urang sacara umum. > Mun geus mimiti deui nyerang pribadi2, ke urang voting: ditalapung atawa > dikaluarkeun? (no option, huahahahah...) > Urang bandungan bae... > > ndud > > Geus wanoh atuh ka si ieu mah. Geus puguh mangkelukna, geus pertela > pribadina. Lebah tulisanana ngeunaan eta tea, kuring sapuk jeung anu > didugikeun ku Kang Hasan Supriadi si PENGAMAT MILIS (ka mana wae, euy?!!). > nDud teh kaasup jiwa muda nu keur sumedeng beukah (puguh da ngagoreng > ranginang), nu kolot pantar Kang Hasan (pis, meeeng....) wayahna kedah > rada ngamaphum. > > Ceuk jéger tea mah papada ngora kaci silih dupak. Tapi kade, di ieu lembur > teh rea oge kolot anu tetep kudu diajenan ku kasopanan omong urang. Najan > henteu jorang, cawokah teuing ge ulah... Ngarah sadaya sugema. Hurip abdi, > waras kuncén! heuheu... > > Punten, sanes maksad mamatahan ngojay ka meri... Bilih kaputusan ieu teu > kamanah, kuring kaci pisan diseukseukan... > > -- > sikandar > kuncen #4 atawa #5? Haheuaheauheua.... > >

