HUSH siah !!! ari taeun teh... uing mah can pati kolot deuleu !!! masih keneh 
jajaka yeuh !!! heuheuheu...
ngan rumasa kamari mah rada "kokolot begog"... 
saeutik eta ge ketang, teu loba-loba teuing heuheuheu...

enya ngenaan tulisan si Teh Ely Evalita, aya sababaraha hal positif anu ku 
urang bisa disaring tina tulisan manehna...
tapi loba oge hal-hal anu matak geunjleung, mun urang teu asak-asak nyaring 
tulisanna...
tapi gaya kontroversi manehna eta nu justru KUDUNA bisa ngahudang kasadaran 
urang...(ieu oge "efek samping" positif, ceuk uing mah)...
jadi ceuk uing mah keun we di-moderate terus ku kuncen, tong ditalapung, ke mun 
aya tulisan manehna nu alus, sok alungkeun deui ka babakan, atuh kanu maca nya 
kitu deui kudu rada tiasa nyaringna... nu goreng piceun, nu alus nya 
pulunganeun tah... (heuheuheu geus kokolot begog deui wae)

ngena-an kasus si Kang Dudi kamari, uing mah rek menta hampura ka Kang Irpan 
jeung Nyi Misnem pedah kamari ngaranna kabawa-bawa jeung dikait-kaitkeun 
(piiisss nya euy !!!), euweuh maksud goreng ti uing mah, sumpahna ge (heuheuheu 
deui make susumpahan sagala)...



^_^
masih keneh "pengamat milis" hehehe...


  ----- Original Message ----- 
  From: kumincir 
  Subject: [Urang Sunda] evalita & ndud


  evalita

  Kuring kungsi ngondang ieu mangkeluk sangkan balik deui ka ieu milis. 
Tujuanana mah basajan, tulisan ieu mangkeluk, najan sok matak panas ceuli, aya 
oge teuleumaneunana, cenah. Nya kuring oge anutadi peuting ngaloloskeun 
surelekna ka ieu milis. Sacara pribadi memang kuring oge teu suka kana gaya 
tulisanana, tapi keun bae lah... Anggap bae manajemen kolbu, ngalatih sangkan 
urang teu panasan kana tulisan anu nyelekit (najan can tangtu ngeusi oge, 
heuheu...). Kitu soteh mun tulisanana tutunjuk ka urang sacara umum. Mun geus 
mimiti deui nyerang pribadi2, ke urang voting: ditalapung atawa dikaluarkeun? 
(no option, huahahahah...)
  Urang bandungan bae...

  ndud 

  Geus wanoh atuh ka si ieu mah. Geus puguh mangkelukna, geus pertela 
pribadina. Lebah tulisanana ngeunaan eta tea, kuring sapuk jeung anu didugikeun 
ku Kang Hasan Supriadi si PENGAMAT MILIS (ka mana wae, euy?!!). nDud teh kaasup 
jiwa muda nu keur sumedeng beukah (puguh da ngagoreng ranginang), nu kolot 
pantar Kang Hasan (pis, meeeng....) wayahna kedah rada ngamaphum. 

  Ceuk jéger tea mah papada ngora kaci silih dupak. Tapi kade, di ieu lembur 
teh rea oge kolot anu tetep kudu diajenan ku kasopanan omong urang. Najan 
henteu jorang, cawokah teuing ge ulah... Ngarah sadaya sugema. Hurip abdi, 
waras kuncén! heuheu...

  Punten, sanes maksad mamatahan ngojay ka meri... Bilih kaputusan ieu teu 
kamanah, kuring kaci pisan diseukseukan... 

  -- 
  sikandar
  kuncen #4 atawa #5? Haheuaheauheua.... 
  . 
   

Kirim email ke