Bener kang bohay, bener oge kang kumi. Bener oge uing, anu geus ngabenerkeun kang bohay jeung kang kumi. Bener teu?
--- In [email protected], "reka gayantika" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Kang Kuncen, ari kuring mah, teu masalah amun emang debat anu sehat, malah > debat anu nyieun panas ceuli mah teu nanaon, malah resep mairanna oge, bisa > bare babagi elmu. amun debat anu kitu mah loba pisan mangpaat jeung > bipaatna. > Tapi anu ieu mah apanan lain, malah euweuh perdebatanna, anu aya malahan > suudzon, pitnah anu diposting ku manehna. nu aya ngadon pasea. apanan bisa > meureun ngabedakeun perdebatan jeung pasea. > Ari masalah ditalapung atawa henteu mah, eta mah hak kuncen. Teu kudu > ditanyakeun ka anggota, kantun kuncen ngarobrol weh eta mah. > Ngan palingan engke hasil kaputusan kuncen ditanggapi anu bakalan beda2 ku > anggota2 milist ieu. > da apanan anggota milist ieu teh enya oge sarua urang sunda kabeh, nya > pastina oge pamikiran mah heterogen... Bener teu? (teeeuu...) > > -Bohay- > > > 2007/8/2, kumincir <[EMAIL PROTECTED]>: > > > > evalita > > > > Kuring kungsi ngondang ieu mangkeluk sangkan balik deui ka ieu milis. > > Tujuanana mah basajan, tulisan ieu mangkeluk, najan sok matak panas ceuli, > > aya oge teuleumaneunana, cenah. Nya kuring oge anutadi peuting ngaloloskeun > > surelekna ka ieu milis. Sacara pribadi memang kuring oge teu suka kana gaya > > tulisanana, tapi keun bae lah... Anggap bae manajemen kolbu, ngalatih > > sangkan urang teu panasan kana tulisan anu nyelekit (najan can tangtu ngeusi > > oge, heuheu...). Kitu soteh mun tulisanana tutunjuk ka urang sacara umum. > > Mun geus mimiti deui nyerang pribadi2, ke urang voting: ditalapung atawa > > dikaluarkeun? (no option, huahahahah...) > > Urang bandungan bae... > > > > ndud > > > > Geus wanoh atuh ka si ieu mah. Geus puguh mangkelukna, geus pertela > > pribadina. Lebah tulisanana ngeunaan eta tea, kuring sapuk jeung anu > > didugikeun ku Kang Hasan Supriadi si PENGAMAT MILIS (ka mana wae, euy?!!). > > nDud teh kaasup jiwa muda nu keur sumedeng beukah (puguh da ngagoreng > > ranginang), nu kolot pantar Kang Hasan (pis, meeeng....) wayahna kedah > > rada ngamaphum. > > > > Ceuk jéger tea mah papada ngora kaci silih dupak. Tapi kade, di ieu lembur > > teh rea oge kolot anu tetep kudu diajenan ku kasopanan omong urang. Najan > > henteu jorang, cawokah teuing ge ulah... Ngarah sadaya sugema. Hurip abdi, > > waras kuncén! heuheu... > > > > Punten, sanes maksad mamatahan ngojay ka meri... Bilih kaputusan ieu teu > > kamanah, kuring kaci pisan diseukseukan... > > > > -- > > sikandar > > kuncen #4 atawa #5? Haheuaheauheua.... > > > > >

