ih nya duka atuh...
manawi eta taroskeun weh atuh ka teh ely na :)
kangDeni, damang gan?
kumaha nu bungsu?

-dik2-

--- In [email protected], "Dena" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Bener kang bohay, bener oge kang kumi. Bener oge 
> uing, anu geus ngabenerkeun kang bohay jeung kang 
> kumi. Bener teu?
> 
> 
> --- In [email protected], "reka gayantika" 
> <rekabohay@> wrote:
> >
> > Kang Kuncen, ari kuring mah, teu masalah amun 
> emang debat anu sehat, malah
> > debat anu nyieun panas ceuli mah teu nanaon, malah 
> resep mairanna oge, bisa
> > bare babagi elmu. amun debat anu kitu mah loba 
> pisan mangpaat jeung
> > bipaatna.
> > Tapi anu ieu mah apanan lain, malah euweuh 
> perdebatanna, anu aya malahan
> > suudzon, pitnah anu diposting ku manehna. nu aya 
> ngadon pasea. apanan bisa
> > meureun ngabedakeun perdebatan jeung pasea.
> > Ari masalah ditalapung atawa henteu mah, eta mah 
> hak kuncen. Teu kudu
> > ditanyakeun ka anggota, kantun kuncen ngarobrol 
> weh eta mah.
> > Ngan palingan engke hasil kaputusan kuncen 
> ditanggapi anu bakalan beda2 ku
> > anggota2 milist ieu.
> > da apanan anggota milist ieu teh enya oge sarua 
> urang sunda kabeh, nya
> > pastina oge pamikiran mah heterogen... Bener teu? 
> (teeeuu...)
> > 
> > -Bohay-
> > 
> > 
> > 2007/8/2, kumincir <kumincir@>:
> > >
> > >   evalita
> > >
> > > Kuring kungsi ngondang ieu mangkeluk sangkan 
> balik deui ka ieu milis.
> > > Tujuanana mah basajan, tulisan ieu mangkeluk, 
> najan sok matak panas ceuli,
> > > aya oge teuleumaneunana, cenah. Nya kuring oge 
> anutadi peuting ngaloloskeun
> > > surelekna ka ieu milis. Sacara pribadi memang 
> kuring oge teu suka kana gaya
> > > tulisanana, tapi keun bae lah... Anggap bae 
> manajemen kolbu, ngalatih
> > > sangkan urang teu panasan kana tulisan anu 
> nyelekit (najan can tangtu ngeusi
> > > oge, heuheu...). Kitu soteh mun tulisanana 
> tutunjuk ka urang sacara umum.
> > > Mun geus mimiti deui nyerang pribadi2, ke urang 
> voting: ditalapung atawa
> > > dikaluarkeun? (no option, huahahahah...)
> > > Urang bandungan bae...
> > >
> > > ndud
> > >
> > > Geus wanoh atuh ka si ieu mah. Geus puguh 
> mangkelukna, geus pertela
> > > pribadina. Lebah tulisanana ngeunaan eta tea, 
> kuring sapuk jeung anu
> > > didugikeun ku Kang Hasan Supriadi si PENGAMAT 
> MILIS (ka mana wae, euy?!!).
> > > nDud teh kaasup jiwa muda nu keur sumedeng 
> beukah (puguh da ngagoreng
> > > ranginang), nu kolot pantar Kang Hasan (pis, 
> meeeng....) wayahna kedah
> > > rada ngamaphum.
> > >
> > > Ceuk jéger tea mah papada ngora kaci silih 
> dupak. Tapi kade, di ieu lembur
> > > teh rea oge kolot anu tetep kudu diajenan ku 
> kasopanan omong urang. Najan
> > > henteu jorang, cawokah teuing ge ulah... Ngarah 
> sadaya sugema. Hurip abdi,
> > > waras kuncén! heuheu...
> > >
> > > Punten, sanes maksad mamatahan ngojay ka meri... 
> Bilih kaputusan ieu teu
> > > kamanah, kuring kaci pisan diseukseukan...
> > >
> > > --
> > > sikandar
> > > kuncen #4 atawa #5? Haheuaheauheua....
> > >  
> > >
> >
>


Kirim email ke