Punten....sekedik mairan,
Dina buku " Runtuhnya Kerajaan Hindu-Jawa dan Timbulnya Negara Islam di
Nusantara "
1. disebutkeun yen Sunan Gunung Jati teh Panglima Karajaan Demak anu nami
Tionghoa na teh Toh A Bo alias Syarif Hidayatullah alias Faletehan.
Rupina ieu nyepeng sareng ngagunakeun sumber tina teori anu percanten yen
Sunan Gunung Jati sami sareng Sarif Hidayatullah oge Faletehan. Upami teu lepat
Bapa Prof. Husen Jayadiningrat gaduh pamendak kieu teh. Tangtos benten sareng
teori ti Cirebon (Naskah Pangeran Wangsa Kerta) anu nyebatkeun Sunan Gunung
Jati sareng Faletehan ngarupikeun 2 jalmi.
2. Raja Sunda anu gugur waktos diserang ku Demak teh namina Baduga? (naha
Shri Baduga Maharaja tea kitu?, ari anu gugur di Bubat (upami aya eta perang)
saha nami rajana?
Ngaku sorangan, si buku eta can kabaca karek digulang-gaper! Seueur pisan
vesri ngeunaan Sri Baduga Maharaja. Dina buku-buku Inohong sajarah nu ceuk
kuring "kayungyun" sapertos Saleh, Ayatrohaedi, Edi Eka Djati, Yoseph Iskandar
sareng nu sanes-sanesna deui nu gugur di bubat Prabu Linggabuana, uyutna
Sribaduga Maharaja. Upami teu lepat yeuh! Dupi Demak ieu nu mana? Demak nu
sareng Cirebon ngarugrug Sunda Kalapa atanapi Demak nu sareng Banten ngajorag
Pakuan?
Rupina anu waktos nyerat eta buku, naskah Pangeran Wangsa Kerta teu acan
ditalungtik atanapi teu dipercanten oge. Sumawonna buku kagungan Pangeran
Sulemandiningrat(?) ti Cirebon. Utamina buku-buku sajarah ti Cirebon pan sakitu
ngamumule sareng mihormat pisan ka seuwi-siwi Siliwangi teh. Tapi teu sakedik
oge anu nyangki sakadar "legitimasi" wungkul. Legitimasi Urang Sunda nu hayang
"boga" karuhun wali atanapi urang deungeun nu hayang diaku Urang Sunda supaya
nyebarkeun agama Islam langkung lancar sareng nerap, panginten? ( ngangge kecap
"panginten"....subyektif pisan pamadegan kokolot begog pribadi siporenges!)
Cindekna, unggal ahli sajarah ngaboaan pamadegan nyalira ngeunaan "qualified"na
sumber anu bade dianggo, panginten didadasaran ku "pemahaman" ngeunaan
elmu&pangaweruh sajarah pribadi masing-masing. Inohong-inohong sajarah nu urang
Sunda oge benten-benten oge pan? Cobi pilari buku Polemik Naskah Pangeran
Wangsa Kerta kagungan Dr. Edi Eka Djati!
"Naskah Pangeran Wangsa Kerta akan menemukan kebenarannya
sendiri..............................................................
Prof. Ayatrohaedi)
baktos,
Siporenges
Nandar Robbyana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Recent Activity
21
New Members
1
New Files
Visit Your Group
SPONSORED LINKS
Culture change
Corporate culture
Cell culture
Organization culture
Tissue culture
Y! Messenger
Instant hello
Chat in real-time
with your friends.
Search Ads
Get new customers.
List your web site
in Yahoo! Search.
Yahoo! Groups
Your one stop
for beauty & fashion
tips and advice.
.
---------------------------------
Choose the right car based on your needs. Check out Yahoo! Autos new Car
Finder tool.