Euleuh...euleuh...etah Jang Ndud... Tara tisasari atuh Jang, ngadamel sajak teh ni jorang kituw? Sanaos teu acan kantos tepang paamprok jonghox, pami ningali potonamah ciga lungguh, tapi tutut geuning heheh... Ketang, da sateuacana ge Jang Ndud tos nyuhunkeun dihapunten sanes? Abdi mah yakin, Jang Ndud teh budak 5 R tea (bener, cageur, bageur, pinter & singer)...ngan nuju "kasandingan" panginten. Komputer ge aya "errorna", komo deui ieu mah jalmi. Hawatos teuing...kade korslet ah!Lebar anom keneh heheh...
Teuh nyaa...angger baraya Kusnet mah ngagugulung wae Neng/Cep Elly. Ari anjeuna nuju bageur, dikodekkan, majarkeun teh teu rame. Ari kaluar awonna dikekeak...kumaha ieu teh? Barinage nanaonan? hayoh wae pagetreng masalah "Joleta" (jol eta deui...jol eta deui). Tos puguh kitu jalmina, gampil teu resep mah, DELETE, EMPTY. cag ah... ro2 -----Original Message----- From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] Behalf Of kumincir Sent: Thursday, August 02, 2007 9:00 PM To: Kusnet Subject: [Urang Sunda] evalita & ndud evalita Kuring kungsi ngondang ieu mangkeluk sangkan balik deui ka ieu milis. Tujuanana mah basajan, tulisan ieu mangkeluk, najan sok matak panas ceuli, aya oge teuleumaneunana, cenah. Nya kuring oge anutadi peuting ngaloloskeun surelekna ka ieu milis. Sacara pribadi memang kuring oge teu suka kana gaya tulisanana, tapi keun bae lah... Anggap bae manajemen kolbu, ngalatih sangkan urang teu panasan kana tulisan anu nyelekit (najan can tangtu ngeusi oge, heuheu...). Kitu soteh mun tulisanana tutunjuk ka urang sacara umum. Mun geus mimiti deui nyerang pribadi2, ke urang voting: ditalapung atawa dikaluarkeun? (no option, huahahahah...) Urang bandungan bae... ndud Geus wanoh atuh ka si ieu mah. Geus puguh mangkelukna, geus pertela pribadina. Lebah tulisanana ngeunaan eta tea, kuring sapuk jeung anu didugikeun ku Kang Hasan Supriadi si PENGAMAT MILIS (ka mana wae, euy?!!). nDud teh kaasup jiwa muda nu keur sumedeng beukah (puguh da ngagoreng ranginang), nu kolot pantar Kang Hasan (pis, meeeng....) wayahna kedah rada ngamaphum. Ceuk jéger tea mah papada ngora kaci silih dupak. Tapi kade, di ieu lembur teh rea oge kolot anu tetep kudu diajenan ku kasopanan omong urang. Najan henteu jorang, cawokah teuing ge ulah... Ngarah sadaya sugema. Hurip abdi, waras kuncén! heuheu... Punten, sanes maksad mamatahan ngojay ka meri... Bilih kaputusan ieu teu kamanah, kuring kaci pisan diseukseukan... -- sikandar kuncen #4 atawa #5? Haheuaheauheua....

