waduh aki, tong sologoto ah, era ku incu. titenan sing teleb geura naon eusi
eusi postingan teh ely kaitanana sareng lampiranana. eta lampirang sanes
seratan teh ely, tapi salinan ti penulis sejen.


On 8/2/07, Tatang Sariman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   Ayi Dulhalim oge baraya sadaya, aki tams maluruh sumber postingan  Ely,
> katohyan geuning, seratan Nofie Iman. Tah upami tos kapendak jenengan
> maluruhna rada gampil naros wae ka Yahoo atanapi ka Google. Aki tams naros
> yahoo, nya kapendak anu ngangken Elly teh pameget. Kapendakna tina komentar2
> anu maos eta seratan, maruji sae, nyebatna "mas" tah konci eta
> tiasa dijantenkeun dasar, sigahna urang wetan sareng pasti pameget.
> Dipaluruh deui dina ramat lokana kapendak oge profilena, mung nyakitu tea
> teu jirim wajahna, mung sapotong nuju ngodok saku lancingan jean. Mung
> identitas sanesna jenengan leres Nofie Iman, yuswa 33, lulusan S2 di Amerika
> widang Finance, janten pantes damelna sareng pangalamanana dina eta
> widang. Ieu sadaya mung dugaan, sanes pasti. Janten leres eta seratan teh
> diserat dina Blog anjeuna, teras di alihkeun ka milis us. Hanjakal dikawitan
> ku kasombongan, sigah aing pang nyahona, sareng sigah ngarendahkeun anggota
> milis us pedah anjeuna oge kalebet rengrengan jalmi jegud nurutkeun daftar
> pang handapna.
>  Linggihna oge di Amrik sareng di Jogya. SMAna di Muhamadiah,teras ka UGM,
> teras ka Amrik. wajar budak ngora kalawan pinter, tapi hanjeluna can tiasa
> nguasai diri.
> Kahade ieu mung dugaan hasil maluruh, supados urang anu maos postinganana
> teu ragu sareng teu suudzon.
>
> *Dulhalim <[EMAIL PROTECTED]>* wrote:
>
>     Baraya…
> Punten ka sadayana sim kuring bade ngomentaran perkawis postingan ti teh
> Ely anu ceuk anjeuna ngangken *geuliiiiisssss.*
> Yeuh teh Ely, naha teh Ely teu terang yen di milist ieu teh seueur sarjana
> S1, S2, S3 oge S4.
> Teu sakedik nu ngiringan milist ieu US anu sarukses anu tos tos di damel
> di sakuliah dunya,
> Kaimmpleng meureun ku teh Ely upami pendidikanana tos luhur kitu mah
> sareng di damelna tiasa ka LN mah.
> *(kacuali upami teh Ely idiot, moal tiasa mikiran yen US teh palalinter).*
> Masalah rek tertarik atanapi heunteuna ka postingan teh Ely mah kumaha
> uing weh, ulah dicaritakeun di awal. Mun rek mosting mah mosting weh.
> Dibaca sukur teu di baca ge kajeun da teu sakabeh anggota milist keur
> salse.
> Itu geura teh Ely, bet suudzon wae ka papada jalmi teh.
> Saur saha warga KUSNET seuuer panganguran sareung pangsiunan? *(na bet
> goreng hate kitu atuh?)*
> Beu eta geura teh Ely nyangki warga KUSNET daya nalar na handap,
> Emangna teh Ely daya nalarna geus luhur kitu? Cik hayang nyaho sim kuring
> ari teh Ely lulusan mana?
>  Yeuh teh Ely…
> Lamun teh Ely muslim meureun apal naon nu dimaksud beunghar teh? *(nyaho
> teu???)*
> Beunghar dina Islam lain beunghar ku materi. Tapi beunghar elmu, agama
> jeung ngamalkeun elmuna ka sasama.
> Yeuh teh Ely dunya mah moal dibawa paeh, jang naon mikiran batur nu
> beunghar sagala. Ari teh Ely pangbeungharna ka sabaraha? *(siga nu geus
> pangbeungharna wae!!!)*
>  Beunghar di dunya mah nu nganilai na ge manusa keneh, tapi beunghar di
> aherat mah nu nganilai na ge Gusti Alloh. Moal tiasa dikukumaha eta nilai
> teh. *(ngarti teu? Mun teu ngarti ngacung nya!!!)*
>  Mun teh Ely teu ngarti keneh wae, siganamah nu disebut handap daya
> nalarna, pangangguran, pangsiunan sareng nu sapopoe na ngan mikiran eusi
> beuteung wungkul.
> Teu lain nyaeta TEH ELY sorangan….
> Ambek aing mahhhhh
>
>
> ------------------------------
> Be a better Globetrotter. Get better travel answers
> <http://us.rd.yahoo.com/evt=48254/*http://answers.yahoo.com/dir/_ylc=X3oDMTI5MGx2aThyBF9TAzIxMTU1MDAzNTIEX3MDMzk2NTQ1MTAzBHNlYwNCQUJwaWxsYXJfTklfMzYwBHNsawNQcm9kdWN0X3F1ZXN0aW9uX3BhZ2U-?link=list&sid=396545469>from
> someone who knows.
> Yahoo! Answers - Check it out.
>
>  
>

Kirim email ke