ari si kuring mah nu kaleresan maca ieu imel perkawis "polemik" ti awal keneh, ningalna "terjadi polemik" sanes antawis nu hoyong basa sunda leungit atawa basa sunda aya (mun nu kieu mah gampang pisan jalan kaluarna)...
nu leres mah "polemik" ngenaan : "undak-usuk basa kedah dikumahakeun supaya basa sunda teu leungit ?!" janten polemikna antara : 1. nu satuju dipiara terus eta undak-usuk basa (alesanna : justru undak-usuk basa ieu nu nyirikeun ayana basa sunda, alus "karasana" basa sunda lantaran aya tingkatan2, "punya nilai tinggi" lantaran aya undak-usuk basa sunda, aya sopan santunna jst) 2. nu teu satuju ku ayana eta undak-usuk basa (alesanna : mun kieu terus basa sunda lila-lila bakal leungit bari jeung teu karasa, ku lantaran nu nyarita make basa sunda beuki saeutik ti generasi ka generasi - percanten teu ?!), jadi tibatan ka piara, sieun jadi kalahka leungit ti masyarakatna (utamana generasi nu kahareup - tong ningali generasi nu aya ayeuna, da puguh generasi ayeuna mah masih loba urang sunda nu gabung di KUSNET, jadi moal waka leungit tah basa sunda teh)... jeung deuih nu penting mah, basa sunda jadi boga ciri sorangan - teu ngaku2 cirina urang mataram... leres teu polemikna nu eta ?! mun lepat... hampura hahahaha... kudu sarua heula ningali masalahna, mun beda ningali "pokok pangkal" polemikna - nya pasti moal nyambung2... nu hiji ka wetan, nu hiji ngulon... beda "tiket", beda kapentingan... ^_^ ----- Original Message ----- From: Tatang Sariman To: [email protected] Sent: Tuesday, November 06, 2007 12:53 PM Subject: Re: Balasan: Re: [Urang Sunda] Teu Pol�mik Undak-usuk Basa Sunda mah. Lamun kitu beuki jelas hayang leungitna basa sunda teh???, enya pek wae ari teu resep mah kana basa sunda moal aya anu maksa. Ari pamadegan aki mah basa sunda (uubs) cenah loba gorengna kakara ngadengena oge. Goreng-goreng oge basa sorangan, arek kusaha deui atuh dipiara dipake, jeung dikembangkeunana, apan ayana kusnet teh dina raraga salah sawiosna miharep miara kasundaan? Lamun ngan ningalina kiwari hungkul, sigahna mungkin keur urang kota mah, barudakna sigah kitu, malah hayang leungit basa sunda teh? Melang oge bisi bener omongan batur cenah "rubuhna hiji agama teh malah ku pemelukna"? teuing bener tah? Boa boa basa sunda oge bakal jigah kitu? da bongan di lembur sorangan oge sigah kitu? Aki mah urang kampung sok sanajan bubuara di kota oge, yakin loba keneh urang sunda anu make basa jeung uubsna utamana di kampung kampung. Jeung asana wae penduduk Jawa barat teh leuwih loba urang kampungna tibatan urang kotana. Maju mundurna urang nya arek kusaha atuh? Kahade ulah sigahna wae arek miara malire mikanyaah, tapi malah seseleket ngutik ngutik anu pageuh, ngeundeuk ngeundeuk sigah ngahaja ngarah runtag, jeung ngaheboshebos angin panas, bisi bener kahuruan, ari musibah tea moal pipilih, naudzubillah. Ngabanding banding jeung bahasa Ingris mah kiwari puguh wae teu sabanding, teu sirik piit ngeundeuk ngeundeuk pasir, matak diaku jadi bahasa dunia oge puguh leuwih dina sagalana? Tapi saha anu nyaho isuk jeung geto bisa wae robah??? .

