hehehe, hayoh komporan kang dud.

ari kahayang kuring mah, nu panuju kana uubs jeung nu teu panuju teh, cik
sing baroga kawani. pek geura 'parasea' sing rongkah. pa panjang-panjang
argumen, sugan bisa ngahasilkeun polemik nu panjang, jiga panjangna naskah
la-galigo. leuwih hade mun paloba-loba nulis buku mah geura. ngarah urang
sunda tinggal milih, rek make uubs pek, rek henteu pek. (mh)

On 11/6/07, dudi herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   loba gorengna ngingu uubs teh cek kuring mah. leuwih hade diajar/make
> basa indonesia atawa basa ingris nu geus jelas-jelas rea gunana. basa sunda
> mah keur mah hese saeutik gunana deuih..
>
>
> On Nov 6, 2007 6:14 AM, Eman Suherman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> >   Sim kuring asa sapamadegan jeung Kang Ajip,  eta basa Sunda demokratis
> > tea, ari kasopanan mah tetep dijaga, pan basa Indonesia atawa oge basa
> > Inggris kaasup basa demokratis, teu manta-manta basa keur si dadap atawa si
> > waru. Tapi meureun mun hayang kitu panjang keneh lalakon teh. Kahiji kudu
> > aya ahli basa Sunda anu nangtukeun mana basa nu kudu dipake teh, atuh
> > kaduana perlu waktu anu panjang, bisa dua generasi deui boa. Sakitu heula,
> > wassalam, pun Eman
> >
> > *Tatang Sariman <[EMAIL PROTECTED]>* wrote:
> >
> >  Sanaos ti penjajah asalna, ari sae tur diangkeun sarta hirup di
> > masyarakat, matak naon ditampi. Sanaos gagasan datang ti sorangan, ari
> > kadituna matak malah ngaleungitkeun basa sunda, ah ceuk aki mah ke heula
> > anan. Lamun hese lain alasan kudu dileungitkeun, geuning basa deungeun oge
> > ditulis lain dibaca lain teu polemik? Anu puguh ayeuna basa sunda keur
> > nungtut leungit di sawatara daerah sunda sabab di dinya loba jelema anu lain
> > ti suku sunda. Jadi anu polemik mah jelemana.
> >
> > **
> >
> > _,___
> >
>
>
>
> --
> ~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
> :.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.:
> datiparang.blog.com . deha.wordpress.com
>
>  
>

Kirim email ke