si kuring, oge sadaya nu aya di milist ieu sapagodos Kang...
basa teh ngarupakeun ajen diri hiji seke seler, jeung ciciren yen hiji seke
seler teh aya...
patarosanna ayeuna : basa sunda nu mana ?! nu aya undak-usuk basa (warisan
jaman dijajah ku mataram - masih keneh rek diaku ciciren urang sunda ?!) atawa
balik deui kana basa sunda karuhun nu asli ?! atawa nu jalan tengah, nu ngan
aya basa loma jeung basa merenah mungkul (egaliter jeung aya sopan santunna)...
cik saur Kang Isma, bade nu mana nu dijadikeun ciciren seler Sunda teh ?!
^_^
----- Original Message -----
From: isma shaff
Subject: Re: Balasan: Re: [Urang Sunda] Teu Pol�mik Undak-usuk Basa Sunda
mah.
Paralun anu kasuhun sateuacanna, simkuring teu sapagodos upami kasebat yen
basa sunda saeutik gunanga. Numutkeun pamendak simkuring basa teh mangrupa ajen
diri, lamun urang teu daek ngaropea basa sami sareng teu ngahargaan diri
sorangan.
Sidik oge anu ngajadikeun urang beda (unik) jeung seler anu sejen teh salah
sahijina nyaeta basa.
dudi herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
loba gorengna ngingu uubs teh cek kuring mah. leuwih hade diajar/make basa
indonesia atawa basa ingris nu geus jelas-jelas rea gunana. basa sunda mah keur
mah hese saeutik gunana deuih...