hehehe enya da kabisa teh ukur ngomporan mang, tah meureun ayeuna mah urang tambahan ku argumen ;)
basa sunda mah teu bisa dipake: - nulis skripsi, tesis disertasi jsb - midang dina acara resmi (seminar, pengukuhan doktor, jsb.) - ngobrol jeung bangsa sejen - lalajo tipi - ngadenge radio - maca koran, majalah - maca jurnal - maca buku - lalajo film - maca situs, blog - ngobrol jeung wanoja - ngomong jeung budak - jrrd ukur bisa: - adu renyom di milis urang sunda - ngadu bako jeung nu daek diajak basa sunda (najan urang sundana geus loba nu embung) - lalajo wayang golek - ngadenge dul sumbang haha On Nov 6, 2007 8:55 AM, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > hehehe, hayoh komporan kang dud. > > ari kahayang kuring mah, nu panuju kana uubs jeung nu teu panuju teh, cik > sing baroga kawani. pek geura 'parasea' sing rongkah. pa panjang-panjang > argumen, sugan bisa ngahasilkeun polemik nu panjang, jiga panjangna naskah > la-galigo. leuwih hade mun paloba-loba nulis buku mah geura. ngarah urang > sunda tinggal milih, rek make uubs pek, rek henteu pek. (mh) > -- ~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~ :.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.: datiparang.blog.com . deha.wordpress.com

