HAHAHAHAHA... mode kompor : ON nya eta atuh, keur mah saeutik guna-na dina kahirupan sapopoe, basa sunda teh hese deuih make-na (da aya undak-usuk basa tea - warisan peodal)... basa inggris onaman, hese oge loba guna-na (nya neang gawe, nya tolab elmu, jeung nya-nya sejenna)... mode kompor : OFF
naha uing masih make basa sunda, ongkoh cenah tadi disebutkeun hese...da uing mah reueus jadi urang sunda... jalma-na someah (ka seler batur), alamna endah, mojangna gareulis... jadi bari beledag-beledug ge, angger we ngawanikeun make basa sunda... ngan nya eta, beuki lila basa sunda teh beuki saeutik nu make-na, barudak ngora geus loba nu arembungeun make basa sunda (da sieun salah tea undak-usuk basa-na), terus ayeuna mah geus hese neangan batur nu bisa diajak ngomong basa sunda (iwal ti batur2 nu aya di milist KUSNET)... mun kieu terus, bisa jadi basa sunda saeutik-saeutik bakal leungit (bari teu karasa)... da kitu kanyataanna di lapangan, masih teu percanten ?! mangga we amengan di Bandung, Bogor atawa di sababaraha kota ageung di Pasundan... ngobrolna pasti loba nu ku basa malayu, cenah teu kabeh kitu... sumuhun pan tos disebatkeun tadi ge : saeutik-saeutik leungit-na (bari teu karasa)... jadi mun teu aya kasadaran ti ayeuna dina hal "karuwetan" undak-usuk basa ieu, nu leungit teh bakal bener2 kajadian (minimal beuki saeutik mah geus pasti).. ^_^ hampura... ----- Original Message ----- From: dudi herlianto Subject: Re: Balasan: Re: [Urang Sunda] Teu Pol�mik Undak-usuk Basa Sunda mah. hehehe enya da kabisa teh ukur ngomporan mang, tah meureun ayeuna mah urang tambahan ku argumen ;) basa sunda mah teu bisa dipake: - nulis skripsi, tesis disertasi jsb - midang dina acara resmi (seminar, pengukuhan doktor, jsb.) - ngobrol jeung bangsa sejen - lalajo tipi - ngadenge radio - maca koran, majalah - maca jurnal - maca buku - lalajo film - maca situs, blog - ngobrol jeung wanoja - ngomong jeung budak - jrrd ukur bisa: - adu renyom di milis urang sunda - ngadu bako jeung nu daek diajak basa sunda (najan urang sundana geus loba nu embung) - lalajo wayang golek - ngadenge dul sumbang haha .

