Lamun kitu beuki jelas hayang leungitna basa sunda teh???, enya pek wae ari teu
resep mah kana basa sunda moal aya anu maksa. Ari pamadegan aki mah basa sunda
(uubs) cenah loba gorengna kakara ngadengena oge. Goreng-goreng oge basa
sorangan, arek kusaha deui atuh dipiara dipake, jeung dikembangkeunana, apan
ayana kusnet teh dina raraga salah sawiosna miharep miara kasundaan? Lamun ngan
ningalina kiwari hungkul, sigahna mungkin keur urang kota mah, barudakna sigah
kitu, malah hayang leungit basa sunda teh? Melang oge bisi bener omongan batur
cenah "rubuhna hiji agama teh malah ku pemelukna"? teuing bener tah? Boa boa
basa sunda oge bakal jigah kitu? da bongan di lembur sorangan oge sigah kitu?
Aki mah urang kampung sok sanajan bubuara di kota oge, yakin loba keneh urang
sunda anu make basa jeung uubsna utamana di kampung kampung. Jeung asana wae
penduduk Jawa barat teh leuwih loba urang kampungna tibatan urang kotana. Maju
mundurna urang nya arek kusaha atuh? Kahade ulah
sigahna wae arek miara malire mikanyaah, tapi malah seseleket ngutik ngutik
anu pageuh, ngeundeuk ngeundeuk sigah ngahaja ngarah runtag, jeung
ngaheboshebos angin panas, bisi bener kahuruan, ari musibah tea moal pipilih,
naudzubillah. Ngabanding banding jeung bahasa Ingris mah kiwari puguh wae teu
sabanding, teu sirik piit ngeundeuk ngeundeuk pasir, matak diaku jadi bahasa
dunia oge puguh leuwih dina sagalana? Tapi saha anu nyaho isuk jeung geto bisa
wae robah???
dudi herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote: loba gorengna ngingu uubs
teh cek kuring mah. leuwih hade diajar/make basa indonesia atawa basa ingris nu
geus jelas-jelas rea gunana. basa sunda mah keur mah hese saeutik gunana deuih..
On Nov 6, 2007 6:14 AM, Eman Suherman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Sim kuring asa sapamadegan jeung Kang Ajip, eta basa Sunda
demokratis tea, ari kasopanan mah tetep dijaga, pan basa Indonesia atawa oge
basa Inggris kaasup basa demokratis, teu manta-manta basa keur si dadap atawa
si waru. Tapi meureun mun hayang kitu panjang keneh lalakon teh. Kahiji kudu
aya ahli basa Sunda anu nangtukeun mana basa nu kudu dipake teh, atuh kaduana
perlu waktu anu panjang, bisa dua generasi deui boa. Sakitu heula, wassalam,
pun Eman
Tatang Sariman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Sanaos ti penjajah asalna, ari sae tur diangkeun sarta hirup di
masyarakat, matak naon ditampi. Sanaos gagasan datang ti sorangan, ari kadituna
matak malah ngaleungitkeun basa sunda, ah ceuk aki mah ke heula anan. Lamun
hese lain alasan kudu dileungitkeun, geuning basa deungeun oge ditulis lain
dibaca lain teu polemik? Anu puguh ayeuna basa sunda keur nungtut leungit di
sawatara daerah sunda sabab di dinya loba jelema anu lain ti suku sunda. Jadi
anu polemik mah jelemana.
_,___
--
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.:
datiparang.blog.com . deha.wordpress.com
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com