lamun nitenan reportasena kang iip zy dina pikiran rakyat online salila
bulan puasa kamari, dina edisi nganjang ka pasantren tradisi, jigana wae
hiji-hijina lembaga nu migunakeun basa sunda pikeun urusan kaelmuan, taya
lain, lian ti pasantren. kulantaran kitu, upama noong kadinya, kabuktian
basa sunda ge sakti, masih dipake nepi ka kiwari pikeun ngadurenyomkeun
masalah kaelmuan. (mh)

On 11/6/07, dudi herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   hehehe enya da kabisa teh ukur ngomporan mang,
> tah meureun ayeuna mah urang tambahan ku argumen ;)
>
> basa sunda mah teu bisa dipake:
> - nulis skripsi, tesis disertasi jsb
> - midang dina acara resmi (seminar, pengukuhan doktor, jsb.)
> - ngobrol jeung bangsa sejen
> - lalajo tipi
> - ngadenge radio
> - maca koran, majalah
> - maca jurnal
> - maca buku
> - lalajo film
> - maca situs, blog
> - ngobrol jeung wanoja
> - ngomong jeung budak
> - jrrd
>
> ukur bisa:
> - adu renyom di milis urang sunda
> - ngadu bako jeung nu daek diajak basa sunda (najan urang sundana geus
> loba nu embung)
> - lalajo wayang golek
> - ngadenge dul sumbang
>
> haha
>
> On Nov 6, 2007 8:55 AM, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> >   hehehe, hayoh komporan kang dud.
> >
> > ari kahayang kuring mah, nu panuju kana uubs jeung nu teu panuju teh,
> > cik sing baroga kawani. pek geura 'parasea' sing rongkah. pa
> > panjang-panjang  argumen, sugan bisa ngahasilkeun polemik nu panjang, jiga
> > panjangna naskah la-galigo. leuwih hade mun paloba-loba nulis buku mah
> > geura. ngarah urang sunda tinggal milih, rek make uubs pek, rek henteu pek.
> > (mh)
> >
>
>
>
> --
> ~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
> :.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.:
> datiparang.blog.com . deha.wordpress.com
>  
>

Kirim email ke