sae Ua.. bade iraha diayakeunana? ngan mun abi jadi pamilonna teu kaci
da nya..? :)

!ipup!

--- In [email protected], "MSasmita" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Lamun kuring nyieun hiji bewara dina media masa citak atawa
elektronik, nya kaasup dina internet, judul bewara teh : "KURSUS
KABUDAYAAN SUNDA". Ngan ieu kursus teh lain kursus siga indoktrinasi
(murid dariuk ngadengekeun ngocoblakna budayawan), tapi leuwih nyoko
kana penugasan-penugasan anu geus dirancang samemehna jeung sifatna
leuwih ka online, jeung anu ngilu kana kursus ge diwatesanan misalna
ngan keur barudak SMA jeung mahasiswa, padumukanana anu nyebar di
unggal kota. Pangna online teh tangtuna leuwih ngagampangkeun tibatan
kudu ngumpul, bengkung ngariung bongkok ngaronyok.
> Anu rek ngilu teh aya seleksi heula, seleksina mah teu kudu hese
nyaeta ngaliwatan pooling jeung penugasan.
> Poolingna kira-kira siga kieu : (duka teuing ieu teh bisa disebut
pooling atawa hanteu..?!)
> 1. Kunaon pangna ngarasa jadi urang Sunda :
>     a. Turunan
>     b. Pedah padumukan
>     c. Mikanyaah ka sarakan
>     d..................(alesan sejen)
> 2. Mana buku basa Sunda nu rek dipilih pikeun dibaca pangheulana :
>     a. Rusdi Jeung Misnem, karangan AC Denik jeung R.Djajadiredja.
>     b. Kanjutkundang kumpulan carpon nu dikumpulkeun ku Ajip Rosidi.
>     c. Jurig, novelet karya Tini Kartini
>     d. Si Kabayan
>     e. ........... (pilihan sejen)
> 3. Kumaha Tatar Sunda ayeuna 
>     a. Sareukseuk.
>     b. Amburadul
>     c. Ngemploh hejo
>     d. ............(pilihan sejen)
> 4. Kumaha ari urang Sunda
>     a. Ceuk urang Sunda
>     b. Ceuk lain urang Sunda
>     c. .................(pilihan sejen)
> (Pertanyaan no 4 mah sigana keur tahap satuluyna)
> 
> 5. .........( he he....can aya eung...sok ah bisi bade nambahan).
> 
> Tina hasil pooling ieu satuluyna bisa milih saha anu pangheulana
dibere kasempetan jadi pamilon kursus, pangna diseleksi kieu teh bisi
loba anu ngiluan sabab tangtu kudu kageroh, lamun loba teuing bisi
tambuh laku, lobana bisa bae ngan saukur 40 jalma keu angkatan munggaran.
> Sanggeus kapilih tuluy aya penugasan diantarana siga kieu :
> 1. Teangan di kulawarga nepi ka tingkat buyut atawa aki/nini (adi,
lanceuk, emang, bibi, alo, suan, nini, aki, buyut) anu pangonjoyna
dina hal kasundaan, tuliskeun dina tulisan anu panjangna minimal 4500
karakter jeung dijelaskeun kasundaan anu dimaksud teh hal naon, naha
sajarah, musik, etika, estetika, usaha atawa nu sejenna ngeunaan
kasundaan. Tulisan anu pangalusna dibere panghargaan, tulisan anu
sejen oge diajen tur dibere pengertian hal kasundaan, tahap ieu geus
mimiti digeroh.
> 2. Teangan di lingkunganana/ tatangga sa RW anu pangonjoyna dina hal
kasundaan, satulyna sarua kudu dijieun tulisan.
> Saterusna asup kana tahap anu leuwih hese tur selektif.
> Dina ieu kursus ge kudu aya gawe bareng jeung media keur saheulaanan
mah jeung media tulis heula, supaya lamun aya tulisan anu alus bisa
direkomendasikeun bisa dimuat. Memang nyieun kursus siga kieu teh teu
bisa lalawora, nyieun pooling ge kudu ngalibetkeun ahli statistik,
psikolog, jeung kaelmuan sejen supaya hasilna leuwih konferensif ceuk
legegna mah. 
> Jadi kursus teh bener hal kabudayaan tapi rek dipakaitkeun jeung
jurnalistik, anu emprona mah supaya aya kaahlian bari bisa tulas
tulis. Nu jadi kasang tukangna budaya lokal teh sumber kakuatan budaya
sagemblengna tur di Jabar ge apan mindeng aya kagiatan budaya tapi
disisi dokumentasi masih lemah, biasana disebut dokumentasi teh ngan
ukur jadi video, atawa foto, ari hal tulisan mah asa arang langka
keneh, komo bari jeung tulisan teh dipublikasikeun mah jauh keneh.
Geuning dina hiji kapinitiaan oge sok aya seksi dokumentasi tapi
nyakitu ngan saukur foto atawa shuting video. 
> Tangtu hasil tina ieu kursus teh kudu bisa jadi lahan keur
pangupajiwa pamilon, anu dibekelan harti kabudayaan lokal lain nu
heureut tapi anu lega salega-legana.
> Geus ah sakitu we heula da ngaranna ge ngalamun, ngalamun tea atuh
bati tina ngahuleng jeung ngobrol papada balad, anu saliwatan mah pan
ngobrol ge sok sabulangbentor. Anggap we ieu ge kitu.
> 
> MSasmita
>


Kirim email ke