Lamun kuring nyieun hiji bewara dina media masa citak atawa elektronik, nya 
kaasup dina internet, judul bewara teh : "KURSUS KABUDAYAAN SUNDA". Ngan ieu 
kursus teh lain kursus siga indoktrinasi (murid dariuk ngadengekeun ngocoblakna 
budayawan), tapi leuwih nyoko kana penugasan-penugasan anu geus dirancang 
samemehna jeung sifatna leuwih ka online, jeung anu ngilu kana kursus ge 
diwatesanan misalna ngan keur barudak SMA jeung mahasiswa, padumukanana anu 
nyebar di unggal kota. Pangna online teh tangtuna leuwih ngagampangkeun tibatan 
kudu ngumpul, bengkung ngariung bongkok ngaronyok.
Anu rek ngilu teh aya seleksi heula, seleksina mah teu kudu hese nyaeta 
ngaliwatan pooling jeung penugasan.
Poolingna kira-kira siga kieu : (duka teuing ieu teh bisa disebut pooling atawa 
hanteu..?!)
1. Kunaon pangna ngarasa jadi urang Sunda :
    a. Turunan
    b. Pedah padumukan
    c. Mikanyaah ka sarakan
    d..................(alesan sejen)
2. Mana buku basa Sunda nu rek dipilih pikeun dibaca pangheulana :
    a. Rusdi Jeung Misnem, karangan AC Denik jeung R.Djajadiredja.
    b. Kanjutkundang kumpulan carpon nu dikumpulkeun ku Ajip Rosidi.
    c. Jurig, novelet karya Tini Kartini
    d. Si Kabayan
    e. ........... (pilihan sejen)
3. Kumaha Tatar Sunda ayeuna 
    a. Sareukseuk.
    b. Amburadul
    c. Ngemploh hejo
    d. ............(pilihan sejen)
4. Kumaha ari urang Sunda
    a. Ceuk urang Sunda
    b. Ceuk lain urang Sunda
    c. .................(pilihan sejen)
(Pertanyaan no 4 mah sigana keur tahap satuluyna)

5. .........( he he....can aya eung...sok ah bisi bade nambahan).

Tina hasil pooling ieu satuluyna bisa milih saha anu pangheulana dibere 
kasempetan jadi pamilon kursus, pangna diseleksi kieu teh bisi loba anu ngiluan 
sabab tangtu kudu kageroh, lamun loba teuing bisi tambuh laku, lobana bisa bae 
ngan saukur 40 jalma keu angkatan munggaran.
Sanggeus kapilih tuluy aya penugasan diantarana siga kieu :
1. Teangan di kulawarga nepi ka tingkat buyut atawa aki/nini (adi, lanceuk, 
emang, bibi, alo, suan, nini, aki, buyut) anu pangonjoyna dina hal kasundaan, 
tuliskeun dina tulisan anu panjangna minimal 4500 karakter jeung dijelaskeun 
kasundaan anu dimaksud teh hal naon, naha sajarah, musik, etika, estetika, 
usaha atawa nu sejenna ngeunaan kasundaan. Tulisan anu pangalusna dibere 
panghargaan, tulisan anu sejen oge diajen tur dibere pengertian hal kasundaan, 
tahap ieu geus mimiti digeroh.
2. Teangan di lingkunganana/ tatangga sa RW anu pangonjoyna dina hal kasundaan, 
satulyna sarua kudu dijieun tulisan.
Saterusna asup kana tahap anu leuwih hese tur selektif.
Dina ieu kursus ge kudu aya gawe bareng jeung media keur saheulaanan mah jeung 
media tulis heula, supaya lamun aya tulisan anu alus bisa direkomendasikeun 
bisa dimuat. Memang nyieun kursus siga kieu teh teu bisa lalawora, nyieun 
pooling ge kudu ngalibetkeun ahli statistik, psikolog, jeung kaelmuan sejen 
supaya hasilna leuwih konferensif ceuk legegna mah. 
Jadi kursus teh bener hal kabudayaan tapi rek dipakaitkeun jeung jurnalistik, 
anu emprona mah supaya aya kaahlian bari bisa tulas tulis. Nu jadi kasang 
tukangna budaya lokal teh sumber kakuatan budaya sagemblengna tur di Jabar ge 
apan mindeng aya kagiatan budaya tapi disisi dokumentasi masih lemah, biasana 
disebut dokumentasi teh ngan ukur jadi video, atawa foto, ari hal tulisan mah 
asa arang langka keneh, komo bari jeung tulisan teh dipublikasikeun mah jauh 
keneh. Geuning dina hiji kapinitiaan oge sok aya seksi dokumentasi tapi nyakitu 
ngan saukur foto atawa shuting video. 
Tangtu hasil tina ieu kursus teh kudu bisa jadi lahan keur pangupajiwa pamilon, 
anu dibekelan harti kabudayaan lokal lain nu heureut tapi anu lega 
salega-legana.
Geus ah sakitu we heula da ngaranna ge ngalamun, ngalamun tea atuh bati tina 
ngahuleng jeung ngobrol papada balad, anu saliwatan mah pan ngobrol ge sok 
sabulangbentor. Anggap we ieu ge kitu.

MSasmita





Kirim email ke