punten ua sas, jigana mah kurang feasible tah rencana ateh. naon
sababna? barudak teh geus pinuh ku kagiatan sapopoe, ti mimiti sakola,
les basa inggris, bimbingan belajar, les komputer, jeung sajabana.
ayeuna aya kursus nu hayoh nambahan pagawean ka barudak ku
tugasan-tugasan.

ari usulan kuring mah, upama aya rencana ngawanohkeun budaya sunda ka
barudak, leuwih hade nu sifatna rekreatif. nu bisa nyegerkeun sirah
barudak, nu sapopoe geus dipinuhan ku kagiatan rutin nu matak
ngarudetkeun sirah barudak. bentukna misalna model "summer camp",
"outbound", "jambore", jeung sajabana. jadi leuwih hade budak diajak
kemah budaya ka hiji tempat dina mangsa pakanci sakola. tah di dinya
di eusi ku sabangsaning acara diskusi bari sakalian rekreasi. misalna,
barudak sina ngilikan jiga kumaha ari tatanen teh, sina milu guyang
jeung munding. (mh)

On 1/2/08, MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Lamun kuring nyieun hiji bewara dina media masa  citak atawa elektronik, nya 
> kaasup dina internet, judul bewara teh : "KURSUS  KABUDAYAAN SUNDA". Ngan ieu 
> kursus teh lain kursus siga indoktrinasi (murid  dariuk ngadengekeun 
> ngocoblakna budayawan), tapi leuwih nyoko kana  penugasan-penugasan anu geus 
> dirancang samemehna jeung sifatna leuwih ka online,  jeung anu ngilu kana 
> kursus ge diwatesanan misalna ngan keur barudak SMA jeung  mahasiswa, 
> padumukanana anu nyebar di unggal kota. Pangna online teh tangtuna  leuwih 
> ngagampangkeun tibatan kudu ngumpul, bengkung ngariung bongkok  ngaronyok.
> Anu rek ngilu teh aya seleksi heula, seleksina mah  teu kudu hese nyaeta 
> ngaliwatan pooling jeung penugasan.
> Poolingna kira-kira siga kieu : (duka teuing ieu  teh bisa disebut pooling 
> atawa hanteu..?!)
> 1. Kunaon pangna ngarasa jadi urang Sunda  :
>     a. Turunan
>     b. Pedah padumukan
>     c. Mikanyaah ka  sarakan
>     d..................(alesan  sejen)
> 2. Mana buku basa Sunda nu rek dipilih pikeun  dibaca pangheulana :
>     a. Rusdi Jeung Misnem, karangan  AC Denik jeung R.Djajadiredja.
>     b. Kanjutkundang kumpulan  carpon nu dikumpulkeun ku Ajip Rosidi.
>     c. Jurig, novelet karya Tini  Kartini
>     d. Si Kabayan
>     e. ........... (pilihan  sejen)
> 3. Kumaha Tatar Sunda ayeuna
>     a. Sareukseuk.
>     b. Amburadul
>     c. Ngemploh hejo
>     d. ............(pilihan  sejen)
> 4. Kumaha ari urang Sunda
>     a. Ceuk urang Sunda
>     b. Ceuk lain urang  Sunda
>     c. .................(pilihan  sejen)
> (Pertanyaan no 4 mah sigana keur tahap  satuluyna)
>
> 5. .........( he he....can aya eung...sok ah bisi  bade nambahan).
>
> Tina hasil pooling ieu satuluyna bisa milih saha  anu pangheulana dibere 
> kasempetan jadi pamilon kursus, pangna diseleksi kieu teh  bisi loba anu 
> ngiluan sabab tangtu kudu kageroh, lamun loba teuing bisi tambuh  laku, 
> lobana bisa bae ngan saukur 40 jalma keu angkatan munggaran.
> Sanggeus kapilih tuluy aya penugasan diantarana  siga kieu :
> 1. Teangan di kulawarga nepi ka tingkat buyut atawa  aki/nini (adi, lanceuk, 
> emang, bibi, alo, suan, nini, aki, buyut) anu  pangonjoyna dina hal 
> kasundaan, tuliskeun dina tulisan anu panjangna  minimal 4500 karakter jeung 
> dijelaskeun kasundaan anu dimaksud teh hal  naon, naha sajarah, musik, etika, 
> estetika, usaha atawa nu sejenna  ngeunaan kasundaan. Tulisan anu pangalusna 
> dibere panghargaan, tulisan anu sejen  oge diajen tur dibere pengertian hal 
> kasundaan, tahap ieu geus mimiti  digeroh.
> 2. Teangan di lingkunganana/ tatangga sa RW  anu pangonjoyna dina hal 
> kasundaan, satulyna sarua kudu dijieun  tulisan.
> Saterusna asup kana tahap anu leuwih hese tur  selektif.
> Dina ieu kursus ge kudu aya gawe bareng jeung media  keur saheulaanan mah 
> jeung media tulis heula, supaya lamun aya tulisan anu alus  bisa 
> direkomendasikeun bisa dimuat. Memang nyieun kursus siga kieu teh teu bisa  
> lalawora, nyieun pooling ge kudu ngalibetkeun ahli statistik, psikolog, jeung 
>  kaelmuan sejen supaya hasilna leuwih konferensif ceuk legegna  mah.
> Jadi kursus teh bener hal kabudayaan tapi rek  dipakaitkeun jeung 
> jurnalistik, anu emprona mah supaya aya kaahlian bari bisa  tulas tulis. Nu 
> jadi kasang tukangna budaya lokal teh sumber kakuatan budaya  sagemblengna 
> tur di Jabar ge apan mindeng aya kagiatan budaya tapi disisi  dokumentasi 
> masih lemah, biasana disebut dokumentasi teh ngan ukur jadi video,  atawa 
> foto, ari hal tulisan mah asa arang langka keneh, komo bari jeung tulisan  
> teh dipublikasikeun mah jauh keneh. Geuning dina hiji kapinitiaan oge sok aya 
>  seksi dokumentasi tapi nyakitu ngan saukur foto atawa shuting video.
> Tangtu hasil tina ieu kursus teh kudu bisa jadi  lahan keur pangupajiwa 
> pamilon, anu dibekelan harti kabudayaan lokal lain nu  heureut tapi anu lega 
> salega-legana.
> Geus ah sakitu we heula da ngaranna ge ngalamun,  ngalamun tea atuh bati tina 
> ngahuleng jeung ngobrol papada balad, anu  saliwatan mah pan ngobrol ge sok 
> sabulangbentor. Anggap we ieu ge  kitu.
>
> MSasmita

Kirim email ke