Hatur nuhun, asupanana, wah muhunnya, tangtos barudak beuki paciweuh. Ke urang 
ngalamun deui anu langkung sae, keun we ah jadi tukang ngalamun ge.
Asupanana janten pertimbangan, sakali deui hatur nuhun.

MSas 

  ----- Original Message ----- 
  From: mh 
  To: [email protected] 
  Sent: Wednesday, January 02, 2008 1:15 PM
  Subject: Re: [Urang Sunda] Lamun....ieu mah ngalamun.

  punten ua sas, jigana mah kurang feasible tah rencana ateh. naon
  sababna? barudak teh geus pinuh ku kagiatan sapopoe, ti mimiti sakola,
  les basa inggris, bimbingan belajar, les komputer, jeung sajabana.
  ayeuna aya kursus nu hayoh nambahan pagawean ka barudak ku
  tugasan-tugasan.

  ari usulan kuring mah, upama aya rencana ngawanohkeun budaya sunda ka
  barudak, leuwih hade nu sifatna rekreatif. nu bisa nyegerkeun sirah
  barudak, nu sapopoe geus dipinuhan ku kagiatan rutin nu matak
  ngarudetkeun sirah barudak. bentukna misalna model "summer camp",
  "outbound", "jambore", jeung sajabana. jadi leuwih hade budak diajak
  kemah budaya ka hiji tempat dina mangsa pakanci sakola. tah di dinya
  di eusi ku sabangsaning acara diskusi bari sakalian rekreasi. misalna,
  barudak sina ngilikan jiga kumaha ari tatanen teh, sina milu guyang
  jeung munding. (mh)


   
   

Kirim email ke