Kuring mah, "nangkep" pipikiran Ua Sasmita ieu, hiji
ide/konsep anu perlu diapresiasi sacara sawajarna,
tong waka disingsiuenan hese dipraktekeunana, atawa
alesan pasti ngerepotkeun pikeun anu rek diajar
basa/budaya Sunda sacara soson-soson.

Ideu Ua Sasmita ieu, asana teh tiasa nyambung upami
dipadungdengkeun sareng kalangan ti paguron luhur,
sapertos jurusan Sastra Sunda Unpad atanapi UPI.
Kuring sareng Kang Mumu ti Sastra Daerah FIB UI kungsi
ngobrolkeun, ngayakeun kursus basa Sunda, pikeun
peminat anu serius dina "mempelajari" basa Sunda. Hiji
"perluasan" tina kagiatan SIMPAY.

Atuh kurikulumna disiapkeun sacara terencana sareng
terarah, siga naon anu tos dilaksanakeun di Program
BIPA FIB UI. BIPA teh nyaeta kuliah/kursus Bahasa
Indonesia untuk Penutur Asing. Hiji program diajar
basa Indonesia pikeun jalma asing. Kurikulumna aya anu
bersifat serieus aya oge anu memang kesannya
"main-main", sapertos ngayakeun tour ka tempat wisata,
diajar ngabatik atanapi diajar salah sahiji kasenian
hiji daerah. Kadang-kadang para pangajarna masihan
tugas ka para mahasiswa asing, sina nongton salah
sahiji film/sinetron, teras dipasihan tugas ngadamel
laporan tulisan eusi film/sinetron. Dina perkara
diajar  tatabasa, kedah hafal mati aturan-aturan
tatabasa anubaku. Dina ahir samester, para mahasiswa
dipiwarang ngadamel karangan dina basa Indonesia,
kanggo ngukur kamampuan sareng penyerapan mahasiswa
salami diajar basa Indonesia.Eusina sae sareng
lucu-lucu. Eta karangan dibundel janten hiji buku.

Sigana wae idena Ua Sasmita sapertos kitu.


baktos,

mrachmat uidipura.

--- MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Hatur nuhun, asupanana, wah muhunnya, tangtos
> barudak beuki paciweuh. Ke urang ngalamun deui anu
> langkung sae, keun we ah jadi tukang ngalamun ge.
> Asupanana janten pertimbangan, sakali deui hatur
> nuhun.
> 
> MSas 



      
____________________________________________________________________________________
Be a better friend, newshound, and 
know-it-all with Yahoo! Mobile.  Try it now.  
http://mobile.yahoo.com/;_ylt=Ahu06i62sR8HDtDypao8Wcj9tAcJ 

Kirim email ke