Kang ciganamah pangalaman eta teh loba karandapan kunu lian oge. (sahenteuna kuring oge boga pangalaman nu memper ciga kitu). Lamun dipikir2 dina salila lalampahan di dunya pagawean, kuring leuwih loba dibingbing, dijait, ditulungan ku urang jawa. (bisi rahul teuing pipti-pipti atuh lah he..he..). sakapeung mah sok matak leutik burih, malah kadang sok ngarasa cua ka seler sorangan nu legeg, komo deui kanu baheulana babarengan terus "pindah pileumpangan" weuhhhhh.... Tapi kadieunakeun, saluyu jeung beuki ngurangana umur kuring.... kuring boga anggapan kabeh jelema balalageur, komo deui urang sunda balageur pisan he..he... (kuring boga paniatan rek aya di pihak anu aktip ngadeukeutan saha wae urang sunda nu beureum, nu hideung, komo deui nu koneng mah..he..he... Rek nyoba berpikir "POSTIP" ti dituna mah, gaya nya atawa legeg). Nuhun ka gusti, kupaniatan kitu lumayan kang beuki kadieu teh beuki ngalobaan urang sunda nu balageur, padahalmah eta-eta keneh jinisna mah. (boa kuring GR, he.he.). Carana..???, loba pisan jalan anu brasna ka roma..cenah, komodeui jalan anu nuju ka Cicalengka mah ...meureun.
Perkara bahasa sunda kuring keur nyoba komunikasi utama ku basa sunda, ka saha wae, sakapeung mah ka ucing oge ku basa sunda..(mirind!!!????) geus heula ah.. poe ieu geus nambahan deui yeuh nu bageur pisan teh .......apan kang dudi. sonirosa www.bolotot.com N.B. komo deu lamun kang dudi balanja "di warung buku bolotot" pasti janten "kang Haji Dudi pang bageurna" sa Kusnet he..he.... ----- Original Message ----- From: dudi herlianto To: [email protected] Sent: Tuesday, January 08, 2008 9:17 PM Subject: Re: [Urang Sunda] Mapag Poé Basa Indung (BASA SUNDA) Internasional 2008 sigana mah kang. enya nganti nganti datang beunghar ku bisa basa sunda teu bisa-bisa nepi ka ayeuna ... manager ieu hrd itu... anggeur tara nanya 'tiasa basa sunda?' ari kuringna deuih mun ditanya 'selain bahasa indonesia bisa bahasa apalagi?' teh sok tara werat mun kudu ngaku bisa basa sunda mah geuning... duka ku naon. eraeun meureun heuheu..... d On Jan 8, 2008 6:51 PM, sonirosa <[EMAIL PROTECTED]> wrote: euh.... etamah akang wae kurang "bersukur" ciganamah he..he..he.. wilujeng mapag taun 2008. sonirosa www.bolotot.com ----- Original Message ----- From: dudi herlianto To: [email protected] Sent: Tuesday, January 08, 2008 7:56 AM Subject: Re: [Urang Sunda] Mapag Poé Basa Indung (BASA SUNDA) Internasional 2008 kang soni... gunana: EUWEUH :(... eh ketang loba (leuwih ti dua): 1. ngadu rahul, 2. meh ngarti naon nu dinyanyikeun dul sumbang, 3. meh bisa kukusnetan 4. jrrd. ._,___ -- d-: ~karék cénah~

