Ti sim kuring mah hiji bae: Ngadamel peta tatar sunda (sanes jabar nya!) mana
nu masih make basa sunda mana mana nu tos lapur. Kriteria lapur henteuna mah
mangga tangtoskeun bae teu kedah dipadungdengkeun sok tara jadi.
Pami tos aya peta mah asana gampil bade ngadamel program gawe nu realistis
jeung efektif.
salam
Jalak Pakuan
urang_cupumanik <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda (PPSS), gawé bareng sareng
Universitas Padjadjaran, badé ngayakeun deui acara Miéling Poé Basa Indung
Internasional, ping 21 Pébruari 2008. Kamari tos ngobrol sareng Kang Ganjar
perkawis kagiatanana.
Manawi aya kamandang ti urang Kusnét kinten-kinten kagiatan naon waé nu payus
kanggo ngeusian éta acara. Maksad téh supados sanés ngan sérémonial wungkul,
tapi aya tapakna. Pangpangna mah supados aranjeunna nu ngaku urang Sunda
nyararios basa Sunda.
Informasina tiasa ditingal di dieu.
Hatur nuhun,
Dadan Sutisna
Makarya Mawa Raharja
---------------------------------
Looking for last minute shopping deals? Find them fast with Yahoo! Search.