Leres ah Kang .....Endo mah kejem kana istilah sakapeung..ari ungkluk dilemeskeun janten PSK...ari nu miskin terang2an disebut miskin..pan aya istilah .duafa...penyandang masalah sosial...di Amrik oge teu disebat resmina "the poor" atanapi "the have not" tapi "less fortunate" lah...
On 1/8/08, mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Enya. Intina mah ngumpulkeun dana pikeun balarea. Di UUD 45 urang ge > asana aya kecap, sumberdaya alam dikuasai negara pikeun kesejahteraan > seluruh rakyat. Hehe. Kuduna mah RI teh nagara kasajahteraan (welfare > state). Ayeuna ge tos ngawitan, ngan make basa teu pantes. Aya raskin, beras > (untuk orang) miskin), kartu berobat orang miskin, jst. Padahal mun make > istilah sosical security atawa tiap warga-utamana nu teu mampu ekonomikali, > kjs (kartu jaminan sosial) leuwih manusiawi. > > > ------------------------------ > > *From:* [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] *On > Behalf Of *Dian Nugraha > *Sent:* Monday, January 07, 2008 5:52 PM > *To:* [email protected] > *Subject:* Re: [Urang Sunda] Amerika Negeri Islami?..atawa rahmatan lil > alamin? > > > > Ngiringan oge kang MJ, > > Leres pami urang aya di Eropa / Amerika lebet rumah sakit atanapi dokter > kantun némbongkeun kartu jamsos atanapi askes. > Nanging kirang leres upami disebatkeun haratis mah. Tiasa kitu sotéh pédah > unggal sasih aya iuran. Anu ageungna perséntaseu tina gajih tur diwajibkeun > ku pamaréntah. Nalika urang mibutuh layanan kaséhatan, anu ngokolakeun > danana henteu lénglé dina mayaran tagihan ti dokter atanapi rumah sakit. > > Dina potongan gajih téh aya: > - pajak -> pikeun pamaréntahan, pangwangunan fasilitas, atikan. > - asuransi kasehatan -> pikeun lamun mibutuh layanan kaséhatan. > - asuransi sosial -> pikeun lamun leungiteun pakasaban, teu boga imah,. > > Total potonganana, di Jerman dugi 40% kanggo nu bujangan, atanapi 25% > kanggo nu tos rarabi. > > Salam, > Dian. > > >

