Miluan ah

Klaim yen amerika negeri islami, kungsi oge diposting di milis pangulinan ku
dosen nu keur ngablu ka amrik. Oge nu keur di eropah-utamana memang eropa
kulon. Intina lain di soal ideologi atawa agamana, tapi estuning dina
prak2anana. Siga masalah disiplin, antri, teu miceun runtah sembarangan, teu
korupsi, tertib, aman, jsb. Nu kairong ku nu keur nyaba ti urang mah, enya,
kudu kitu atawa siga nagara islam nu geus "jadi".

Cek bambang sugiharto, modernisasi teh, awalna di cina, booming di
eropa/amerika, eusina? Islam! Maksudna ka dinya, kana sistemna nu hade,
bener jeung diterapkeun kalawan daria pikeun kamaslahanatan umat. Siga
sistem jaminan sosial, nu teu walakaya atawa nu sangsara, boga kartu jaminan
sosial, rumah sakit, jsb haratis-jadi teu katunggara. Islam pisan pan eta
kitu teh. 

Kirim email ke