Sigana teu nyambung mairanana...karaos kuabdi yen Islami teh sigana mah
dipahaman tingkah anu sami sareng ajaran Islam ? Sanes ? Ari ceuk abdi mah
anu dimaksad ku Kang Ustadz teh...nyaeta yen nilai2 Islam teh geuningan
universal...teu karasa ku bangsa Amerika (saha wae pandirina) da maraneh teh
sabenerna nagalakukaeun anu sapagodos jeung KONSEPSI AJARAN ISLAM.....jadi
Islam Jaya..maraneh mah nagn ukur nurutan...ulah dibalik atuh......

On 1/7/08, MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   Ceuk kuring mah, aya kalemahan dina nyimpulkeun
> "Amerika Negeri Islami?". Sabab tulisan eta, ngan
> nyaritakeun ti sisi jeung pikiran urang Islam. Jadina
> rada subyektif.
> salian ti kitu, tata kahirupan jeung aturan di
> Amerika, diwangun lain di luhureun dadasar ajaran
> Islam, tapi diwangun ku semangat calvinis, lutherian,
> liberalisasi jeung kapitalis.
> Jadi sabenerna mah, teu aya hak pikeun "mengklaim"
> Amerika Negeri islami.
> (para pendiri Amerika di aherat, atawa gegedug Amerika
> kiwari bisa teu narima lamun Amerika disebut nagri
> Islami).
>
> Langkung obyektif, jeung tingkat validitasna luhur,
> upama anu ngaluarkeun pendapat perkara islami ieu teh
> ku urang non Islam. Bandingkeun geura jeung kasimpulan
> dina hiji acara "nyi oprah", anu nyaritakeun
> pangalaman salah sahiji urang Amerika, anu nyaru milu
> hirup jeung salah sahiji kulawarga muslim Amerika,
> sabada aya "tragedi September". Dina hiji obrolan
> Oprah jeung tukang nyaru teh, dicaritakeun, tukang
> nyaru diuk paduduaan jeung sohibul baet awewe. Eta
> sahibul baet teh, ngingetkeun teu meunang paduduaan
> lamun lain muhrimna, pikeun nyegah anu teu dipikayang.
> Si tukang nyaru teh sadar, cara saperti kitu, bisa
> nyegah dekadensi moral.
>
> Kuring leuwih satuju, upama tata kahirupan di Amerika,
> anu cocok jeung ajaran Islam disebut sabage "rahmatan
> lil alamin", atawa fleksibilitas jeung
> kauniversalanana ajaran Islam. Hal ieu oge sabenerna
> mah jawaban pikeun tulisan kang Darpan 'Agama dan
> Lingkungan Budaya' anu netelakeun "Sunda teh Islam,
> Islam teh Nyunda". Bandingkeun oge jeung para Wali di
> tatar wetan Jawa, anu nyebarkeun Islam, ku cara
> "nyulusup ngarekayasa" adat isitadat jeung budaya
> Jawa. Sok sanajan cenah, pola siga kitu teh dianggap
> "da'wah anu can anggeus", sabab masih aya agama "Sunda
> Wiwitan" jeung "kejawen",
> Tapi ceuk kuring mah pola siga kitu teh hiji tarekah
> "smart", relatif aman, pikeun nyegah konfrontasi jeung
> bentrokan fisik.
>
> baktos,
>
> mrachmat uidipura
>
> --- H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED] <surtiwa%40gmail.com>> wrote:
>
> > Ustadz model kieu anu kedah dilobaan
> > kwantitasna...identifikasi
> > Islam..sacara nalar...
> >
> > On 1/5/08, Deny Suwarja <[EMAIL PROTECTED]<denysuwarja2k%40yahoo.com>
> >
> > wrote:
> > >
> > > Hi *urang sunda*,
> > > Teman Anda, *Deny Suwarja*, merekomendasikan
> > artikel berjudul '*Amerika
> > > Negeri Islami?*' untuk Anda baca.
> .
>
> __________________________________________________________
> Looking for last minute shopping deals?
> Find them fast with Yahoo! Search.
> http://tools.search.yahoo.com/newsearch/category.php?category=shopping
> 
>

Kirim email ke