Kumaha mun Amrik teh dilagukeun wae siga kieu;

Amrik teh nagara adijaya jeung beunghar..didirikeun ku jelema2 lolobana anu
nganut agama Kristen Protestan, pangaruh urang Yahudi dominan di
Pamarentahan..doktrin2 pulitikna teu leupas tina dalil2 anu sok
disemboyankeun di gareja...sok gembor2 kabebasan...kasajahteraan..HAM..anu
sabenerna nggeus kacakup dina KONSEPSI agama Islam sacara Integral..Mangkana
dina prak2an nyalanggarakeun Nagara sacara teu sadar maranehna teh
mraktekkeun KONSEPSI ajaran Islam....jadi Islam teh kanyataanana Universal
dina ngalola jelema..tah kulantaran kitu..sok weh maraneh asup ISLAM....


On 1/7/08, Dian Nugraha <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   Ngiringan oge kang MJ,
>
> Leres pami urang aya di Eropa / Amerika lebet rumah sakit atanapi dokter
> kantun némbongkeun kartu jamsos atanapi askes.
> Nanging kirang leres upami disebatkeun haratis mah. Tiasa kitu sotéh pédah
> unggal sasih aya iuran. Anu ageungna perséntaseu tina gajih tur diwajibkeun
> ku pamaréntah. Nalika urang mibutuh layanan kaséhatan, anu ngokolakeun
> danana henteu lénglé dina mayaran tagihan ti dokter atanapi rumah sakit.
>
> Dina potongan gajih téh aya:
> - pajak -> pikeun pamaréntahan, pangwangunan fasilitas, atikan.
> - asuransi kasehatan -> pikeun lamun mibutuh layanan kaséhatan.
> - asuransi sosial -> pikeun lamun leungiteun pakasaban,  teu boga imah,.
>
> Total potonganana, di Jerman dugi 40% kanggo nu bujangan, atanapi 25%
> kanggo nu tos rarabi.
>
> Salam,
> Dian.
>
> On 07/01/2008, mj <[EMAIL PROTECTED] > wrote:
> Miluan ah
>
> Klaim yen amerika negeri islami, kungsi oge diposting di milis pangulinan
> ku
> dosen nu keur ngablu ka amrik. Oge nu keur di eropah-utamana memang eropa
> kulon. Intina lain di soal ideologi atawa agamana, tapi estuning dina
> prak2anana. Siga masalah disiplin, antri, teu miceun runtah sembarangan,
> teu
> korupsi, tertib, aman, jsb. Nu kairong ku nu keur nyaba ti urang mah,
> enya,
> kudu kitu atawa siga nagara islam nu geus "jadi".
>
> Cek bambang sugiharto, modernisasi teh, awalna di cina, booming di
> eropa/amerika, eusina? Islam! Maksudna ka dinya, kana sistemna nu hade,
> bener jeung diterapkeun kalawan daria pikeun kamaslahanatan umat. Siga
> sistem jaminan sosial, nu teu walakaya atawa nu sangsara, boga kartu
> jaminan
> sosial, rumah sakit, jsb haratis-jadi teu katunggara. Islam pisan pan eta
> kitu teh.
>
>
> 
>

Kirim email ke